Ben-Hadad Ngepung Samaria
Benhadad nungtut perak, pamajikan, jeung anak-anak Ahab, sarta Israil ngelehkeun manehna dua kali sakumaha anu dijangjikeun ku Rama urang ngaliwatan hiji nabi. Tapi Ahab nyebut raja anu eleh teh dulurna sarta ngantep manehna indit, tuluy hiji nabi anu nyamur ngajebak Ahab nepi ka ngahukum dirina sorangan.
20 1Ben-Hadad raja Aram ngumpulkeun sakumna baladna—tilu puluh dua raja marengan manehna, katut kuda jeung kareta perang. Tuluy manehna maju, ngepung kota Samaria, sarta narajang. 2Manehna ngirim utusan ka jero kota, nepungan Ahab raja Israil, pokna, “Kieu ceuk Ben-Hadad: 3‘Perak jeung emas maneh teh milik kami, kitu deui pamajikan jeung anak-anak maneh nu pangalusna oge milik kami.’”
4Waler raja Israil, “Sapertos nu didawuhkeun ku gusti raja: abdi sareng sagala rupi kagungan abdi teh kagungan gusti.”
5Utusan-utusan tea daratang deui, pokna, “Kieu ceuk Ben-Hadad: ‘Kami geus ngirim beja ka maneh menta perak jeung emas, pamajikan jeung anak-anak maneh. 6Tapi isukan kurang-leuwih waktu kieu, kami rek ngirim gandek-gandek kami pikeun ngagerebek karaton maneh jeung imah-imah gandek maneh, tuluy maranehna bakal nyokot jeung ngaboyong sagala nu dipikaresep ku maneh.’”
7Raja Israil tuluy ngagentraan sakabeh kokolot nagri, sarta ngadawuh, “Tetela ieu jelema teh neangan pasualan. Manehna geus menta pamajikan, anak-anak, perak jeung emas kami, sarta ku kami teu dicegah.”
8Sakabeh kokolot jeung sakumna rahayat ngunjukkeun, “Ulah diturutkeun, ulah dicumponan.”
9Ku sabab eta anjeunna ngawaler ka utusan Ben-Hadad, “Unjukkeun ka gusti raja: ‘Sagala pamundut anu kahiji ti abdi, bade dicumponan, nanging pamundut ieu mah teu kiat dilaksanakeun ku abdi.’” Utusan-utusan tea tuluy mariang mawa waleran.
10Ben-Hadad tuluy ngirim beja deui, “Muga para dewa ngahukum kami sakompet-koncetna, lamun lebu Samaria masih cukup keur sagegem keur unggal pangiring kami.”
11Waler raja Israil, “Bejakeun ka manehna: ‘Jelema anu kakara nyoren pakarang perang, ulah agul cara anu geus muka deui pakarangna.’”
12Harita Ben-Hadad jeung para raja keur nginum dina kemah-kemahna. Basa manehna ngadenge beja eta, tuluy marentah ka anak buahna, “Siap di posisi masing-masing,” tuluy maranehna masang posisi ngepung kota.
Rama Maparin Kaunggulan ka Ahab
13Hiji nabi datang ka Ahab raja Israil, pokna, “Kieu dawuhan Rama urang: Naha maneh nenjo balad anu kacida lobana ieu? Poe ieu Kami rek masrahkeun eta kana leungeun maneh, sarta maneh bakal nyaho yen Kami teh Rama maneh.”
14“Ku saha?” saur Ahab. “Kieu dawuhan Rama urang: Ku para perwira ngora ti para komandan propinsi,” waler nabi tea. “Saha nu kudu ngamimitian perang?” “Maneh,” jawabna.
15Ahab tuluy ngumpulkeun para perwira ngora ti para komandan propinsi—jumlahna 232 urang. Geus kitu anjeunna ngumpulkeun sesana, kabeh urang Israil—jumlahna 7.000 urang. 16Maranehna arangkat tengah poe, waktu Ben-Hadad jeung tilu puluh dua raja sekutuna keur maruk nginum nepi ka marabok dina kemah-kemahna. 17Para perwira ngora ti para komandan propinsi anu arangkat pangheulana. Ben-Hadad geus ngirim nu ngintip, anu ngalaporkeun ka manehna, “Aya jelema-jelema kalaluar ti Samaria.”
18Ceuk manehna, “Boh datang rek menta karapihan, tangkep hirup-hirup; boh datang rek merangan, tangkep hirup-hirup.”
19Para perwira ngora ti para komandan propinsi tea kalaluar ti jero kota, dituturkeun ku balad di tukangeunana. 20Unggal jelema maehan lawanna. Urang Aram kalabur, diudag ku urang Israil, tapi Ben-Hadad raja Aram kabur nunggang kuda jeung sawatara pasukan kuda. 21Raja Israil tuluy maju sarta ngaruksak kuda jeung kareta perang, nyababkeun karugian anu gede ka urang Aram. 22Sanggeus kitu nabi tea datang deui ka raja Israil, “Kuatkeun kadudukan anjeun sarta pikir asak-asak naon anu kudu dilampahkeun, sabab taun hareup dina usum semi raja Aram bakal nempuh deui ka anjeun.”
23Samentara eta, para pajabat raja Aram ngomong ka manehna, “Dewa-dewa maranehna teh dewa-dewa gunung; eta sababna maranehna bisa ngelehkeun urang. Perangan maranehna di tempat anu rata, tangtu urang bakal bisa ngungkulan. 24Pigawe kieu: singkirkeun sakabeh raja tina jabatanana, gantian ku perwira-perwira sejen. 25Kumpulkeun hiji balad saperti nu geus leungit tea—kuda ganti kuda, kareta ganti kareta—tuluy perangan urang Israil di tanah rata. Tangtu urang bakal leuwih kuat.” Manehna nurut kana saran eta, tuluy dilampahkeun.
26Dina usum semi nu bakal datang, Ben-Hadad ngumpulkeun urang Aram tuluy maju ka Apek pikeun merangan Israil. 27Waktu urang Israil geus dikumpulkeun jeung dibekelan, maranehna arangkat rek mapagkeun. Urang Israil masang pakemahan nyanghareupan musuh siga dua kawan embe nu laleutik, sedengkeun urang Aram mah minuhan sakuliah nagri.
28Jalma kagungan Allah datang ka raja Israil, pokna, “Kieu dawuhan Rama urang: Ku sabab urang Aram nyangka yen PANGERAN teh ngan Allah pagunungan, lain Allah lebak, Kami rek masrahkeun sakumna balad anu kacida lobana ieu kana leungeun maneh, sarta maneh bakal nyaho yen Kami teh Rama maneh.”
29Tujuh poe maranehna pakemahan silih anteb; dina poe katujuh perang dimimitian. Dina sapoe urang Israil ngabinasa 100.000 prajurit leumpang urang Aram. 30Sesana kalabur ka jero kota Apek, di dinya tembok runtuh narindihan 27.000 jelema. Ben-Hadad oge kabur ka jero kota tuluy nyumput di kamar jero.
31Gandek-gandekna unjukan, “Abdi sadaya kantos nguping yen raja-raja ti karaton Israil teh balabah manah. Hayu urang ngadeuheus ka raja Israil bari make baju kasedih dibeungkeutkeun kana cangkeng sarta tali kana sirah; sugan bae anjeunna ngahirupan nyawa gusti.”
32Nya kalawan baju karung dina cangkeng jeung tali dina sirah, maranehna datang ka raja Israil bari ngalengis, “Gandek gusti, Ben-Hadad, unjukan: ‘Mugi dihirupan.’” Waler raja, “Manehna masih hirup keneh? Manehna teh dulur kami.”
33Jelema-jelema tea nganggap eta pertanda hade, tuluy buru-buru nyekel kana ucapanana. “Leres, Ben-Hadad dulur gusti!” pokna. “Jung bawa ka dieu,” saur raja. Ben-Hadad tuluy kaluar, sarta ku Ahab dicandak kana kareta.
34“Kota-kota anu ku bapa kami dirampas ti bapa anjeun, ku kami rek dipulangkeun deui,” ceuk Ben-Hadad, “sarta anjeun meunang nyieun wewengkon pasar sorangan di Damsik, saperti nu dijieun ku bapa kami di Samaria.” Waler Ahab, “Kalawan sarat-sarat ieu, anjeun ku kami rek dibebaskeun.” Nya anjeunna nyieun perjangjian jeung Ben-Hadad tuluy ngalepaskeun.
Hiji Nabi Nyawad ka Raja
35Kalawan dawuhan Rama urang, salah saurang ti antara anak-anak nabi ngomong ka baturna, “Pek teunggeulan kuring.” Tapi jelema eta embung neunggeul.
36Pok nabi tea ngomong, “Ku sabab maneh teu nurut kana dawuhan Rama urang, sanggeus maneh ninggalkeun kami, maneh bakal dipaehan ku singa.” Sanggeus jelema eta indit, aya singa manggihan tuluy maehan manehna.
37Nabi tea manggihan deui jelema sejen, pokna, “Pek teunggeulan kuring.” Nya jelema eta neunggeul manehna nepi ka raheut.
38Geus kitu nabi tea nangtung di sisi jalan ngadagoan raja, bari nyamur make balut panutup panon. 39Waktu raja ngalangkung, nabi tea cumeluk, “Abdi tadi asup ka tengah-tengah perang, tuluy aya hiji jelema mengkol mawa tawanan ka abdi, pokna, ‘Jaga ieu jelema. Lamun leungit, nyawa maneh pikeun nyawana, atawa maneh kudu mayar perak tujuh puluh lima pon.’ 40Sabot abdi keur repot kadituka kadieu, jelema eta leos ngejat.” Waler raja Israil, “Nya eta hukuman pikeun maneh; maneh sorangan nu geus mutuskeunana.”
41Nabi tea buru-buru muka balut tina panonna, tuluy raja Israil wawuheun yen manehna teh salah saurang ti para nabi.
42Pok nabi tea ngomong ka raja, “Kieu dawuhan Rama urang: Ku sabab maneh geus ngabebaskeun jelema anu ku Kami geus ditangtukeun pikeun dibinasa, nyawa maneh bakal jadi gaganti nyawana, rahayat maneh gaganti rahayatna.”
43Kalawan jamotrot jeung ambek, raja Israil balik ka imahna, tuluy mulang ka Samaria.