Yesus Milari sareng Nyalametkeun Zakeus
Zakeus naék kana tangkal, diondang jadi nu boga imah, sarta méré satengah tina sagala bogana. Hiji pasemon ngeunaan abdi-abdi anu ngadagangkeun duit dununganana datang saméméh ngabring asup ka Yerusalem, di mana jalma-jalma surak, Yesus ceurik pikeun kota éta, tuluy ngusir tukang dagang ti bumi Rama-Na.
19 1Yesus lebet ka Yeriko, tuluy ngaliwatan éta kota. 2Harita aya hiji jalma ngaranna Zakeus, kapala tukang narik pajeg, sarta beunghar. 3Manéhna hayang nyaho saha ari Yesus téh, tapi teu bisa lantaran jalma ngagimbung, da awakna pendék. 4Tuluy manéhna lumpat ti hareup sarta unggah kana tangkal ara pikeun ningali Anjeunna, sabab Yesus rék ngaliwat ka jalan éta.
5Sanggeus Yesus dongkap ka éta tempat, Anjeunna tanggah tuluy ngalahir ka manéhna, “Zakeus, buru-buru turun, sabab poé ieu Kami kudu nganjrek di imah manéh.”
6Zakeus gura-giru turun tuluy nampi Anjeunna kalawan bungah. 7Ningali kitu, jalma-jalma pada kukulutus, “Anjeunna nganjrek di imah jalma nu loba dosa.”
8Zakeus ngadeg tuluy unjukan ka Gusti, “Nun Gusti, sapalih harta banda abdi ku abdi dipasihkeun ka nu mariskin, sareng upami abdi kantos nipu jalmi, bade dibayar opat tikel.”
9Saur Yesus ka manéhna, “Poé ieu kasalametan geus datang ka ieu imah, sabab manéhna ogé turunan Ibrahim. 10Sabab Putra Manusa sumping pikeun milari sareng nyalametkeun nu leungit.”
Gandék-gandék nu Satia Ngadagoan Raja
11Sabot maranéhna ngabandungan, Anjeunna nambahan hiji misil, sabab Anjeunna geus deukeut ka Yerusalem jeung maranéhna nyangka Karajaan Rama urang bakal datang harita kénéh.
12Saurna, “Aya hiji menak indit ka nagara nu jauh pikeun narima karajaan keur manéhna, tuluy mulang deui. 13Anjeunna nyaur sapuluh gandékna, tuluy masihan ka unggal gandék kira-kira gajih tilu bulan, saurna, ‘Ieu dagangkeun nepi ka kami mulang deui.’ 14Rahayat nagarana ngéwa ka manéhna, tuluy ngirim utusan nuturkeun, pokna, ‘Kami teu arék diparéntah ku jalma éta.’
15“Sanggeus narima karajaan tuluy mulang, Anjeunna nyaur gandék-gandék nu geus dibéré duit téa, hayang terang sabaraha untungna maranéhna. 16Nu kahiji datang, pokna, ‘Juragan, artos Juragan parantos ngahasilkeun sapuluh tikel.’”
17“Témbal Juragan, ‘Hadé, gandék nu satia! Lantaran manéh satia dina perkara nu leutik, ayeuna manéh kudu ngurus sapuluh kota.’”
18“Nu kadua datang, pokna, ‘Juragan, artos ti Juragan parantos ngahasilkeun lima tikel.’”
19“Ceuk Juragan ka manéhna, ‘Manéh ogé bakal ngurus lima kota.’”
20“Tuluy nu séjén datang, pokna, ‘Juragan, ieu artos Juragan abdi wangsulkeun, parantos dibungkus ku abdi dina lamak;’ 21sabab abdi sieun ka Juragan, margi Juragan jalmi anu kejem: nyokot nu lain titipan Juragan, sareng ngala nu teu dipelak ku Juragan.”
22Témbal Juragan, “Ku ucap manéh sorangan kami nerapkeun hukuman ka manéh, gandék nu jahat! Manéh apal yén kami ieu jalma kejem, nyokot nu lain titipan jeung ngala nu teu dipelak? 23Naha atuh duit kami téh ku manéh teu disimpen di bank? Tangtu waktu kami mulang bisa dicokot deui jeung anak duitna. 24Ceuk Juragan ka nu narangtung di dinya, ‘Cokot éta duit ti manéhna, tuluy bikeun ka nu geus boga sapuluh tikel.’”
25“Pok maranéhna, ‘Juragan, manéhna mah geus boga sapuluh tikel! 26Ceuk kami ka maranéh: saha-saha nu geus boga, bakal ditambahan deui; tapi ti nu teu boga nanaon, nu aya ogé bakal dicokot. 27Tapi bawa ka dieu musuh-musuh kami anu arembungeun diparéntah ku kami téa, tuluy paéhan di hareupeun kami.’”
Putra Lebet ka Yerusalem Jadi Raja
28Sanggeus ngalahir kitu, Yesus angkat ti payun, unggah ka Yerusalem.
29Sanggeus deukeut ka Bétpagé jeung Bétania, di Gunung Jaitun, Anjeunna ngutus dua urang murid, 30saur-Na, “Jig ka kampung hareup. Barang asup, maranéh bakal manggih hiji anak kalde ditambat, nu tacan kungsi ditunggangan. Léskeun tuluy bawa ka dieu. 31Lamun aya nu nanya, ‘Naha éta anak kalde dilésan?’ jawab, ‘Diperlukeun ku Gusti.’”
32Tuluy nu diutus téh arindit, sarta manggih persis sakumaha nu dicaritakeun ku Anjeunna. 33Sabot maranéhna ngalésan éta anak kalde, nu bogana nanya, “Naha éta anak kalde dilésan?” 34Témbal maranéhna, “Diperlukeun ku Gusti.” 35Éta anak kalde dibawa ka Yesus, tuluy tonggongna ditilaman ku jubah maranéhna, sarta Yesus ditunggangkeun ka dinya. 36Sabot Anjeunna angkat nunggang, maranéhna ngamparkeun jubahna di jalan. 37Sanggeus deukeut ka turunan Gunung Jaitun, sakumna murid nu ngagimbung mimiti barungah, maruji ka Rama urang bari tarik soarana, ku sabab sakabéh mujijat nu geus katingal ku maranéhna, 38pokna, “Diberkahan Raja anu sumping kalawan pajenengan Rama urang! Karahayuan di sawarga sareng kamulyaan di nu pangluhurna!”
39Sawaréh urang Parisi nu aya di jero jalma ngagimbung téa ngomong ka Anjeunna, “Guru, weweleh murid-murid Anjeun.”
40Waler Yesus, “Ceuk Kami ka maranéh, lamun maranéhna jempé, batu-batu ogé bakal tinggorowok.”
41Sanggeus Anjeunna deukeut sarta ningali éta kota, Anjeunna nangis mikahéman éta kota,
42saur-Na, “Lamun dina poé ieu manéh nyaho naon nu bisa mawa karahayuan ka manéh! Tapi ayeuna mah éta téh disumputkeun ti panon manéh. 43Bakal datang mangsana, musuh-musuh manéh bakal nyieun kubu ngurilingan manéh, ngepung manéh, sarta ngadések ti unggal juru, 44sarta maranéhna bakal ngaratakeun manéh jeung anak-anak manéh nu aya di jero bénténg manéh, nepi ka euweuh hiji batu gé nu tinggal numpuk, lantaran manéh teu nyaho kana waktuna Allah nyumpingan ka manéh.” a a v44 Nu disebut ‘waktu panyumpingan’ téh nya éta waktu Allah sumping ka Yerusalem dina diri Yesus.
Yesus Nyucikeun Bait Rama-Na
45Tuluy Anjeunna lebet ka Bait Allah, sarta mimiti nundung jalma-jalma nu keur dagang di dinya,
46saur-Na ka maranéhna, “Ceuk Kitab Suci, ‘Imah Kami bakal jadi imah paranti neneda,’ tapi ku maranéh dijieun guha bégal.”
47Unggal poé Anjeunna ngawulang di Bait Allah, sedengkeun para imam kapala, para ahli Toret, jeung para pamingpin bangsa néangan jalan pikeun maéhan Anjeunna, 48tapi maranéhna teu manggih jalan, da sakabéh rahayat husu ngaregepkeun saucapan Anjeunna.