Ayeuna parantos aya citakanana

Markus 4 FHB Father's Heart Bible™

RamaYesusRoh
15% off your first order →
Kitab

Karajaan Rama Boga Ceuli pikeun Ngadangu

Ngajar tina parahu, Yesus nyaritakeun kumaha datangna Karajaan Rama urang: siki nu murag di jalan, di batu, di cucuk jeung di taneuh nu subur, hiji lampu, gandum nu tumuwuh bari patani saré, hiji siki sesawi. Tuluy Mantenna nenangkeun angin ribut nu ku murid-murid-Na disangka bakal ngalelepkeun maranéhna.

Pasal 4.

Yesus deui ngawulang di sisi talaga. Jalma-jalma anu ngariung ka Anjeunna kacida lobana, nepi ka Anjeunna kudu naek kana parahu di cai tuluy calik, sedengkeun jalma-jalma sakumna aya di darat sisi talaga. Anjeunna ngawulang rupa-rupa perkara ka maranehna ku siloka-siloka, sarta dina pangajaran-Na Anjeunna nyarios kieu ka maranehna:

“Darengekeun! Aya jalma indit rek nebar binih. Sabot keur nebar, aya binih anu ragrag di sisi jalan, tuluy didatangan ku manuk-manuk terus dipacok nepi ka beak. Aya deui binih anu ragrag kana taneuh cadas anu taneuhna saeutik, tuluy gancang jadi, sabab taneuhna teu jero. Barang panonpoe geus luhur, pelak-pelakna alahwar, tuluy garing sabab teu akaran. Aya deui binih anu ragrag kana cucuk-cucuk, tuluy cucuk-cucukna jadi gede terus ngahimpit eta pelak, nepi ka teu bubuahan. Aya deui binih anu ragrag kana taneuh subur, tuluy jadi, terus gede, sarta ngahasilkeun buah: aya anu tilu puluh tikel, aya anu genep puluh tikel, aya anu saratus tikel ti anu dipelakkeunana.” Saur Anjeunna deui, “Sing saha anu boga ceuli pikeun ngadenge, pek darengekeun!”

Sanggeus Anjeunna nyalira, jalma-jalma anu aya di sakurilingna-Na, bareng jeung ka Dua Welas murid-Na, naranyakeun hal siloka-siloka tea ka Anjeunna.

Saur Yesus ka maranehna, “Ka maraneh dipaparin terang rasiah Karajaan Rama urang, tapi ka jalma-jalma luar mah sagala rupa teh ngan ku jalan siloka, sangkan ‘maranehna bener-bener nenjo tapi teu narenjoeun, bener-bener ngadenge tapi teu ngalartieun, supaya maranehna ulah tarobat tuluy meunang hampura.’”

Saur Yesus ka maranehna, “Maraneh teu ngalartieun kana ieu siloka? Kumaha bisana maraneh ngalartieun kana sakabeh siloka? Nu nebar binih teh nebarkeun pangandika. Anu di sisi jalan, tempat pangandika ditebarkeun, nya eta jalma-jalma anu sanggeus ngadenge pangandika, harita keneh datang Iblis nyokot pangandika anu ditebarkeun dina hatena. Anu ditebarkeun kana taneuh cadas, nya eta jalma-jalma anu ngadenge pangandika tuluy harita keneh ditarima kalawan bungah. Tapi teu akaran dina dirina, ngan sakeudeung bae ngancikna; sanggeus datang kasusah atawa kaaniayaan ku karana pangandika, harita keneh maranehna murtad. Anu sejenna nya eta anu ditebarkeun kana cucuk-cucuk. Nya eta jalma-jalma anu ngadenge pangandika, tapi kasalempang hirup di dunya, panggoda harta banda, jeung sagala kahayang kana perkara-perkara sejen asup kana hatena nepi ka ngahimpit pangandika, temahna teu bubuahan. Ari anu ditebarkeun kana taneuh subur, nya eta jalma-jalma anu ngadenge pangandika, narima, tuluy bubuahan: aya anu tilu puluh tikel, aya anu genep puluh tikel, aya anu saratus tikel.”

Caang Sina Moncorong

Saur Yesus ka maranehna, “Naha aya jalma mawa palita rek diteundeun di handapeun gantang atawa di handapeun pangsaréan — lain pikeun diteundeun dina ajug? Taya anu buni anu moal kanyahoan, taya anu dirasiahkeun anu moal kabuka. Lamun aya anu boga ceuli pikeun ngadenge, pek darengekeun!”

Saur Yesus deui ka maranehna, “Sing ati-ati kana anu didarenge ku maraneh. Takeran anu dipake ku maraneh, baris ditakerkeun deui ka maraneh — malah bakal ditambahan. Sabab sing saha anu geus boga bakal ditambahan deui; sabalikna sing saha anu teu boga, sanajan anu aya dina dirina ge bakal dicokot.”

Binih Jadi ku Sorangan

Saur Yesus, “Karajaan Rama urang teh ibarat kieu: aya jalma nebarkeun binih kana taneuh. Beurang peuting, boh sare boh nyaring, eta binih jadi tuluy gede, tapi kumaha prosesna eta jalma teu nyahoeun. Taneuh teh ngahasilkeun bubuahan ku sorangan — mimitina sirung, tuluy ranggeuy, geus kitu ranggeuy anu eusian pinuh. Tapi sanggeus bubuahanana asak, harita keneh eta jalma ngagunakeun arit, sabab geus waktuna panen.”

Binih Sasawi

Saur Yesus, “Ku naon urang kudu ngupamakeun Karajaan Rama urang, atawa siloka naon anu bisa dipake pikeun eta? Ibaratna siki sasawi, anu pangleutikna di antara sakabeh siki waktu dipelakkeun kana taneuh. Tapi sanggeus dipelakkeun, jadina gede, nepi ka jadi pangbadagna di antara sakabeh tutuwuhan di kebon, dahanna jaradi gede, nepi ka manuk-manuk di awang-awang bisa nyarayang dina iuhna.”

Ku rupa-rupa siloka saperti kitu Anjeunna ngawulangkeun pangandika ka maranehna, satakerna maranehna bisa narima. Anjeunna henteu nyarios ka maranehna salian ti ku siloka, tapi ka murid-murid-Na mah sagala rupa diterangkeun di tempat anu suni.

Yesus Nengtremkeun Angin Ribut

Dina poe eta, sanggeus sore, Anjeunna nyarios ka murid-murid-Na, “Urang meuntas ka peuntaseun.”

Tuluy murid-murid ninggalkeun jalma rea, mawa Anjeunna saayana dina parahu, sarta aya deui parahu-parahu sejen anu ngiring. Torojol aya angin ribut anu kacida gedena. Ombak narajang kana parahu, nepi ka parahuna geus meh pinuh ku cai. Ari Yesus mah keur kulem di tukangeun parahu, mastaka-Na nyarande kana bantal. Murid-murid ngagugahkeun Anjeunna, pok ngunjukan, “Guru, naha Guru teu mirosea yen abdi sadaya rek tiwas?”

Anjeunna gugah, tuluy nyeuseul angin, sarta ngalahir ka talaga, “Jep repeh! Sing tengtrem!” Angin ngadak-ngadak eureun, tuluy kabeh jadi tengtrem. Saur Yesus ka maranehna, “Ku naon maraneh sarieun kitu? Na maraneh tacan boga iman?”

Maranehna kacida sarieunna, tuluy silih tanya, “Saha atuh ieu teh, dugi ka angin jeung talaga oge nurut ka Anjeunna?”