Hirup Dipulihkeun dina Poe Sabat
Yesus nyageurkeun leungeun nu garing dina poé Sabat, sarta urang Parisi mimiti ngarencanakeun pupus-Na. Mantenna milih dua belas. Ahli Toret nyebutkeun Mantenna kasurupan sétan, sarta kulawarga-Na sorangan nyebutkeun Mantenna geus teu waras; Mantenna ngajawab yén saha baé nu ngalakonan pangersa Rama urang, éta kulawarga-Na.
3 1Yesus lebet deui ka gedong ibadah. Di dinya aya hiji jelema anu leungeunna kemped. 2Maranehna ngawaskeun kalawan taliti, naha Anjeunna rek nyageurkeun eta jelema dina poe Sabat, supaya bisa ngadakwa ka Yesus.
3Saur Yesus ka jelema anu leungeunna kemped tea, “Geura nangtung jeung maju ka hareup.” 4Tuluy Anjeunna mariksa ka maranehna, “Dumasar hukum, dina poe Sabat teh meunang migawe kahadean atawa migawe kajahatan, nyalametkeun nyawa atawa maehan?” Tapi maranehna ngabetem bae. 5Anjeunna neuteup ka maranehna kalawan bendu, sedih ku hate maranehna anu teuas, tuluy saur-Na ka jelema tea, “Acungkeun leungeun maneh.” Tuluy diacungkeun, sarta leungeunna cageur deui.
6Tuluy urang Parisi kalaluar, sarta harita keneh mimiti sakait jeung urang Herodian, kumaha carana maranehna bisa ngabinasakeun Anjeunna.
Jalma Rea Nyusul ka Nu Nyageurkeun
7Yesus jeung murid-murid-Na nyingkir ka basisir laut. Jalma rea ti Galilea narurutan ka Anjeunna, kitu deui ti Yudea, 8ti Yerusalem, Idumea, ti peuntaseun Walungan Yordan, jeung ti wewengkon sakurilingeun Tirus jeung Sidon. Lantaran ngadarenge sagala anu dipidamel ku Anjeunna, jalma kacida reana datang ka Anjeunna. 9Anjeunna nitah murid-murid-Na nyadiakeun hiji parahu leutik, lantaran jalma loba teuing, supaya Anjeunna ulah kadedesek. 10Sabab Anjeunna geus nyageurkeun jalma loba pisan, nepi ka sakabeh nu gering pada desek-desekan hayang nyabak ka Anjeunna. 11Saban roh jahat nenjo Anjeunna, tuluy nyaruksruk ka payuneun-Na bari ngagorowok, “Anjeun teh Putra Allah!” 12Tapi ku Anjeunna dipeget pisan sangkan ulah ngabejakeun saha Anjeunna.
Nu Dua Belas Diangkat
13Yesus unggah ka hiji gunung, tuluy nyaur jalma-jalma anu dipikahoyong ku Anjeunna. Maranehna daratang ka Anjeunna. 14Anjeunna ngangkat dua belas urang, anu disebut rasul, supaya maranehna bisa marengan Anjeunna, sarta supaya ku Anjeunna bisa diutus pikeun ngawawarkeun injil, 15jeung sangkan boga kawasa pikeun ngusir setan. 16Ieu dua belas urang anu diangkat ku Anjeunna teh: Simon, anu ku Anjeunna dibere jenengan Petrus; 17Yakobus bin Sebedeus, jeung Yohanes dulurna, anu ku Anjeunna dijenenganan Boanerges, hartina Anak Guludug; 18Andreas, Pilipus, Bartolomeus, Mateus, Tomas, Yakobus bin Alpeus, Tadeus, Simon urang Zelot, 19jeung Yudas Iskariot, anu wani hianat ka Anjeunna.
Karajaan nu Moal Bisa Runtuh
20Anjeunna mulih ka bumi. Jalma rea ngarariung deui, nepi ka Anjeunna jeung murid-murid-Na teu kaburu tuang-tuang acan. 21Barang kulawargana ngadarenge hal eta, tuluy daratang rek mawa mulang Anjeunna, sabab ceuk maranehna, “Manehna teh geus teu eling.” 22Ari ahli-ahli Toret anu daratang ti Yerusalem nyarita, “Manehna kasurupan Beelzebul,” jeung, “Anjeunna ngusir setan teh ku kawasa raja setan.”
23Ku sabab eta Yesus nyaur maranehna, tuluy ngalahir ku siloka, “Kumaha Iblis bisa ngusir Iblis? 24Lamun hiji karajaan pasalia jeung dirina sorangan, eta karajaan moal bisa tetep ngadeg. 25Jeung lamun hiji rumah tangga pasalia jeung dirina sorangan, eta rumah tangga moal bisa tetep ngadeg. 26Jeung lamun Iblis ngalawan ka dirina sorangan sarta pasalia, manehna moal bisa tetep ngadeg; geus datang katungtunganana. 27Taya saurang ge anu bisa asup ka imah jelema nu kuat tuluy ngarampas barang-barangna, lamun teu heula nalian eta jelema nu kuat tea. Sanggeus kitu kakara bisa ngarampog imahna.
28Saestuna Kami ngabejaan ka maraneh, sagala dosa jeung panghina ka Allah bakal dihampura ka anak-anak manusa, naon bae nu diucapkeunana, 29tapi sing saha nu ngahina ka Roh Suci, moal pisan meunang hampura; manehna salah ku dosa anu langgeng,”
30sabab maranehna geus ngomong, “Anjeunna kasurupan roh jahat.”
Kulawarga Rama
31Ibu-Na jeung dulur-dulur-Na daratang, tuluy narangtung di luar bari ngutus jelema pikeun nyaur Anjeunna. 32Jalma rea anu keur dariuk ngariung ka Anjeunna, tuluy nyarita, “Tingali, ibu sareng saderek-saderek Anjeun aya di luar, milarian Anjeun.”
33Waler Anjeunna ka maranehna, “Saha nu jadi ibu jeung dulur-dulur Kami teh?” 34Bari neuteup ka jalma-jalma anu keur dariuk ngariung ka Anjeunna, saur-Na, “Tah ieu ibu jeung dulur-dulur Kami! 35Sing saha nu ngalampahkeun pangersa Rama urang, eta teh dulur Kami lalaki, dulur Kami awewe, jeung ibu Kami.”