Ayeuna parantos aya citakanana

Budalan 5 FHB Father's Heart Bible™

RamaYesusRoh
15% off your first order →
Kitab

Musa jeung Harun di Payuneun Piraon

Musa jeung Harun ménta ka Firaun idin pikeun pésta di gurun keusik, sarta diwaler yén Firaun teu wawuh ka Allah ieu. Jarami dieureunkeun tapi wilangan bata kudu tetep, para mandor digebugan, sarta urang Israil nyalahkeun Musa. Musa balik deui sarta nanya ka Rama urang naha Mantenna kungsi ngutus anjeunna.

Pasal 5.

Sanggeus kitu Musa jeung Harun arindit ka Piraon tuluy nyarios, “Kieu timbalan Rama urang urang Israil: Antep umat Kami arindit sina ngayakeun pesta ngabakti ka Kami di gurun keusik.”

Waler Piraon, “Saha Allah teh, nepi ka kami kudu nurut kana timbalana-Na jeung ngantep urang Israil arindit? Kami teu wawuh ka Allah, jeung kami moal ngantep urang Israil arindit.”

Pok maranehna, “Rama urang parantos mendak ka abdi sadaya. Mugi widi abdi sadaya angkat tilu poe lilana ka gurun keusik rek ngurban ka Rama urang, bisi abdi sadaya dikeunaan ku pagebug atawa ku pedang.”

Tapi raja Mesir ngawaler ka maranehna, “Musa jeung Harun, ku naon maraneh ngalalaworakeun rahayat tina pagaweanana? Geura baralik deui kana pagawean maraneh!” Saur Piraon deui, “Tenjo, rahayat di ieu nagri ayeuna geus kacida lobana, ari maraneh malah hayang ngarandegkeun pagaweanana!”

Dina poe eta keneh Piraon marentah ka para mandor jeung ka para pangatur gawe anu ngawasa rahayat, timbalana-Na: “Ti semet ayeuna ulah mere deui jarami ka rahayat pikeun nyieun bata cara tadina. Sina maranehna sorangan nu nareangan jaramina.

Tapi tangtukeun bata sakumaha lobana jeung tadina; ulah dikurangan. Maranehna teh kared, nya eta sababna maranehna sasambat, ‘Sina abdi sadaya angkat ngurban ka Allah abdi.’ Beuratkeun pagawean eta jalma-jalma, sina maranehna anteng digarawe jeung ulah ngadengekeun omongan bohong.”

Tuluy para mandor jeung para pangatur gawe kalaluar seug ngabejaan rahayat, “Kieu timbalan Piraon: ‘Kami moal mere deui jarami ka maraneh. Geura neangan sorangan jarami ka mana bae ari manggih; tapi pagawean maraneh moal dikurangan saeutik-eutik acan.’” Nya rahayat teh paburencay ka sakuliah tanah Mesir neangan tunggul jarami pikeun gaganti jarami. Ari para mandor terus maksa, “Pigawe nepi ka beres jatah maraneh unggal poe, cara keur maraneh aya keneh jaramina.” Ari para pangatur gawe bangsa Israil, anu diangkat ku para mandor Piraon pikeun ngawasa maranehna, dirangket bari ditanya, “Ku naon jatah bata maraneh teu beres kamari jeung poe ieu, cara tadina?”

Tuluy para pangatur gawe bangsa Israil daratang ngadeuheus ka Piraon bari sasambat, “Ku naon abdi sadaya, abdi-abdi Gusti, dikieu-kieu? Abdi sadaya, abdi-abdi Gusti, henteu dibere jarami, padahal diparentah, ‘Nyarieun bata!’ Tuh, abdi-abdi Gusti dirarangket, padahal rahayat Gusti sorangan nu salah.”

Waler Piraon, “Kared! Maraneh teh kared! Nya eta sababna maraneh ngomong, ‘Sina abdi sadaya angkat ngurban ka Allah.’ Ayeuna geura digarawe. Jarami moal dibere, tapi jatah bata kudu disampurnakeun sagemblengna.”

Para pangatur gawe bangsa Israil ngarasa yen maranehna keur cilaka basa dibejaan, “Ulah ngurangan jatah bata maraneh unggal poe.” Barang kaluar ti Piraon, maranehna mendakan Musa jeung Harun anu keur ngadago rek papanggih, tuluy ngaromong ka maranehna, “Mugi Rama urang ningali ka aranjeun sarta ngahukum, lantaran aranjeun geus nyieun abdi sadaya jadi pangeunakeun ku Piraon jeung ku para pajabatna, ngasongkeun pedang kana leungeunna pikeun maehan abdi sadaya.”

Tuluy Musa marulang deui ka Rama urang bari unjukan, “Nun Rama, Gusti abdi, ku naon Gusti ngadatangkeun karerepet ka ieu umat? Ku naon Gusti ngutus abdi?

Ti barang abdi ngadeuheus ka Piraon rek nyarios kalawan pajenengan Gusti, anjeunna nyangsara ieu umat, sarta Gusti teu nyalametkeun umat Gusti saeutik-eutik acan.”