Tujuh Bahla Panungtung
Jalma-jalma anu nolak sato galak nangtung di sisi laut kaca bari nyanyikeun lagu Musa jeung lagu Anak Domba, nyebut jalan-jalan Rama urang adil jeung bener. Tujuh malaikat kaluar maké linen anu caang mawa tujuh mangkok, sarta haseup ngeusian Bait Allah nepi ka teu aya anu bisa asup saméméh éta dikucurkeun.
15 1Kuring nenjo tanda sejen di sawarga, nu agung tur ajaib: tujuh malaikat nyarekel tujuh bahla panungtung, sabab ku eta bahla teh bendu Rama urang geus tamat.
2Kuring nenjo nu siga lautan kaca campur jeung seuneu, sarta anu narangtung di sisina teh jalma-jalma anu geus ngelehkeun sato galak, arca sato eta, jeung angka ngaranna, nyarekel kacapi ti Rama urang. 3Tuluy maranehna ngahaleuangkeun lagu Musa, abdi Rama urang, jeung lagu Yesus, Anak Domba: “Agung tur ajaib padamelan Ama, Nun Ama Nu Maha Kawasa! Adil tur sayakti jalan-jalan Ama, Raja sagala bangsa! 4Saha nu moal sieun ka Ama, nun Ama, sarta ngamulyakeun jenengan Ama? Sabab mung Ama anu suci. Sagala bangsa bakal daratang tur sumujud di payuneun Ama, sabab padamelan Ama nu adil geus ditembongkeun.”
5Sanggeus kitu kuring neuteup, breh Bait Allah, nya eta kemah panyaksian, muka di sawarga. 6Tuluy tujuh malaikat anu mawa tujuh bahla tea kalaluar ti Bait Allah, dibaju lenen anu beresih tur hurung, dadana dibeungkeut ku beungkeut emas.
7Tuluy salah sahiji ti opat mahluk hirup tea mikeun ka tujuh malaikat tea tujuh pinggan emas anu pinuh ku bendu Rama urang, nu jumeneng salalanggengna. 8Haseup ti kamulyaan Rama urang jeung ti kakawasaana-Na minuhan Bait Allah; taya saurang oge anu bisa asup ka dinya nepi ka tamat tujuh bahla ti tujuh malaikat tea.