Jalma Bodo Ngulang Kabodoanana
Ampir saperti daptar tilu rupa jalma. Jalma bodo, anu teu bisa dihormat, diupahan, atawa diubaran; jalma kedul, anu ngagulasah dina ranjangna lir panto dina engselna; jeung tukang tipu, anu nganyenyeri tuluy ngomong yen manehna ngan heureuy. Saha anu ngali lombang, bakal tigebrus ka jerona.
26 1Lir salju dina usum panas jeung lir hujan dina usum panen, kahormatan teu merenah pikeun jalma bodo. 2Lir manuk piit nu hiber kekebatan atawa walet nu ngapung gesat-gesit, panyapa nu teu wajar moal eunteup. 3Pecut pikeun kuda, kadali pikeun kalde, jeung rotan pikeun tonggong jalma bodo. 4Ulah ngajawab jalma bodo luyu jeung kabodoanana, bisi maneh sorangan jadi cara manehna. 5Jawab jalma bodo luyu jeung kabodoanana, bisi manehna ngarasa bijaksana ku pangrasana sorangan. 6Sing saha nu ngirimkeun amanat ngaliwatan jalma bodo, eta nuaran suku sorangan sarta nginum kakejeman. 7Lir suku jalma lumpuh nu ngagantung teu aya gunana, kitu deui paribasa dina sungut jalma bodo. 8Lir ngaiket batu kana bandring, nya kitu mere kahormatan ka jalma bodo. 9Lir cucuk rungkun dina leungeun jalma mabok, nya kitu paribasa dina sungut jalma bodo. 10Lir juru panah nu ngaraheutan saban jalma, kitu deui jalma nu ngagaji jalma bodo atawa ngagaji saha bae nu ngaliwat. 11Lir anjing nu balik deui kana utahna, nya kitu jalma bodo ngulang deui kabodoanana. 12Naha maneh nenjo jalma nu ngarasa bijaksana ku pangrasana sorangan? Leuwih aya pangharepan pikeun jalma bodo tibatan pikeun manehna.
13Jalma kedul ngomong, “Aya singa di jalan! Aya singa di lebuh!” 14Lir panto nu muter dina engselna, nya kitu jalma kedul gulang-guling dina ranjangna. 15Jalma kedul nyelapkeun leungeunna kana pinggan; capeeun manehna mawa deui kana sungutna. 16Jalma kedul ngarasa leuwih bijaksana ku pangrasana sorangan tibatan tujuh jalma nu ngajawab kalawan bijaksana.
17Lir nyekel ceuli anjing, nya kitu jalma ngaliwat nu pipilueun kana pacengkadan nu lain urusanana.
18Lir jalma gelo nu manahkeun obor seuneu, jamparing, jeung ajal, 19nya kitu jalma nu nipu baturna tuluy ngomong, “Kuring mah ngan heureuy bae!”
20Lamun euweuh kai seuneu bakal pareum, jeung lamun euweuh tukang ngupat pacengkadan bakal cicing. 21Lir areng pikeun ruhak jeung kai pikeun seuneu, nya kitu jalma resep pasea nyeungeut pacengkadan. 22Omongan tukang ngupat teh lir suapan nu ngeunah pisan; eta nyelep nepi ka jero batin.
23Lir lapisan ngilap nu nutupan periuk taneuh, kitu deui biwir nu lemes tapi hatena jahat. 24Musuh nyamur maneh ku biwirna, tapi dina hatena manehna nyimpen tipu daya. 25Mun manehna nyarita marahmay, ulah dipercaya manehna, sabab tujuh perkara pikagilaeun minuhan hatena. 26Najan kaijidna disumputkeun ku tipu daya, kajahatanana bakal kabuka di hareupeun jalma rea. 27Sing saha nu ngali lombang bakal tigebrus kana eta, jeung batu bakal ngagulidag deui ka nu ngagulidagkeunana. 28Letah nu bohong ngijid ka nu disangsarana, jeung sungut nu ngararayu ngadatangkeun karuksakan.