Rama Nungtun Saul ka Samuel
Saul indit néangan kalde bapana anu leungit tapi teu kapanggih, sarta budakna ngusulkeun nanya ka tukang nujum di dinya. Samuel, anu sapoé saméméhna geus dibéjaan ku Rama urang, keur ngadagoan bari nyadiakeun bagian daging, sarta nyindiran yén sagala anu diagungkeun ku Israil ayeuna gumantung ka Saul.
9 1Aya hiji urang Binyamin ngaranna Kis, anak Abiel, anak Seror, anak Bekorat, anak Apia, urang Binyamin, hiji jelema beunghar tur terhormat. 2Manehna boga anak ngaranna Saul, hiji nonoman nu kasep—taya urang Israil nu leuwih kasep ti manehna; ti taktak ka luhur jangkungna leuwih ti batan saha bae.
3Kalde-kalde Kis, bapana Saul, leungit, nu matak Kis ngomong ka Saul anakna, “Bawa saurang bujang, tuluy teangan ti kalde-kalde teh.” 4Manehna meuntas pagunungan Epraim jeung tanah Salisa, tapi teu kapanggih. Tuluy maranehna ngaliwatan tanah Saalim, tapi kalde-kaldena euweuh di dinya. Manehna meuntas tanah Binyamin, tapi angger teu kapanggih.
5Sanggeus narepi ka tanah Sup, ceuk Saul ka bujang nu nganteurna, “Hayu urang balik bae, bisi bapa kuring geus teu mikiran kalde deui, tapi kalah salempang mikiran urang duaan.”
6Tapi ceuk bujangna, “Tuh, di ieu kota aya hiji abdi Rama urang, nu kacida dihormatna; sagala ucapanana geus tangtu kajadian. Hayu urang ka ditu ayeuna; sugan bae anjeunna bisa ngabejaan urang kudu nyokot jalan nu mana.”
7Ceuk Saul ka bujangna, “Tapi lamun urang ka ditu, rek mawa naon keur jelema eta? Roti dina karung urang geus beak, taya oge pamere keur abdi Rama urang. Naon atuh nu aya ku urang?”
8Bujangna ngajawab deui ka Saul, “Tuh, kuring boga duit perak saeutik. Rek dibikeun ka abdi Rama urang, supaya anjeunna ngabejaan urang jalan nu kudu dijugjug.” 9(Baheula di Israil, saha bae nu rek nanya ka Rama urang sok ngomong, “Hayu urang ka juru tingal,” sabab nabi jaman ayeuna harita mah disebutna juru tingal.).
10“Hade,” ceuk Saul. “Hayu urang.” Tuluy maranehna arindit ka kota tempat abdi Rama urang tea. 11Waktu keur naranjak ka kota, maranehna papanggih jeung parawan-parawan nu keur arindit rek nyiuk cai, tuluy ditanya, “Juru tingal teh aya di dieu?”
12“Aya,” ceuk maranehna. “Aya di hareupeun maraneh. Buru-buru, anjeunna sumping ka kota poe ieu sabab rahayat dinya rek ngayakeun kurban di tempat anu luhur. 13Ana geus asup ka kota, maraneh bakal manggih anjeunna samemeh anjeunna unggah ka tempat anu luhur rek tuang. Jalma-jalma moal dalahar samemeh anjeunna sumping, sabab anjeunna anu kudu ngaberkahan kurban; sanggeus kitu kakara tamu-tamu dalahar. Unggah ayeuna—pasti maraneh bakal langsung panggih jeung anjeunna.”
14Maranehna tuluy unggah ka kota. Waktu keur arasup, Samuel sumping mapagkeun maranehna, keur unggah ka tempat anu luhur.
15Ari sapoe samemeh Saul datang, Rama urang geus ngawahyukeun kieu ka Samuel:
16“Isukan kira-kira jam kieu, Kami rek ngutus ka maneh saurang jelema ti tanah Binyamin. Urapan manehna jadi pamingpin umat Kami Israil; manehna bakal nyalametkeun umat Kami tina genggeman urang Pelisti, sabab Kami geus ningali umat Kami, jeung jeritna geus narepi ka Kami.”
17Waktu Samuel ningali Saul, Rama urang ngandika ka anjeunna, “Ieu jelema nu ku Kami geus disebut-sebut tea; ieu nu bakal marentah umat Kami.”
18Saul nyampeurkeun Samuel di lawang gapura, tuluy unjukan, “Hapunten, dupi bumi juru tingal teh aya di palih mana?”
19“Kami juru tingal teh,” waler Samuel. “Jung unggah ti heula ka tempat anu luhur. Poe ieu maneh bakal dahar jeung kami; isuk-isuk kami rek ngajurungkeun maneh bari rek nyaritakeun sagala nu aya dina hate maneh. 20Ari kalde-kalde nu leungit ti tilu poe ka tukang mah geus kapanggih, jadi ulah dipikiran. Jeung saha nu gaduh sagala nu dipikameumeut ku Israil, lamun lain maneh jeung sakabeh kulawarga bapa maneh?”
21Wangsul Saul, “Sanes abdi teh urang Binyamin, ti kaom pangleutikna di Israil, sareng golongan abdi oge pangalitna ti antara golongan-golongan Binyamin? Naha bet nyarios kitu ka abdi?”
22Geus kitu Samuel ngajak Saul jeung bujangna asup ka bale, tuluy dariukkeun di tempat nu pangutamana di antara tamu-tamu nu diulem—kira-kira tilu puluhan urang. 23Samuel sasauran ka juru masak, “Bawa bagian nu tadi dibikeun ku kami ka maneh, nu ku kami dititah disisihkeun.” 24Juru masak nyokot pingping jeung nu aya di luhureunana, tuluy diteundeun hareupeun Saul. Saur Samuel, “Ieu nu disimpen keur maneh. Dahar, sabab ieu geus disadiakeun keur maneh dina waktu ieu, ti barang kami ngulem tamu-tamu ieu.” Tuluy Saul dahar jeung Samuel poe eta.
25Maranehna tuluy turun ti tempat anu luhur asup ka kota, tuluy Samuel ngobrol jeung Saul di loteng imah. 26Maranehna harudang isuk-isuk keneh, tuluy waktu balebat Samuel nyalukan Saul di loteng, “Geura hudang, kami rek ngajurungkeun maneh.” Saul tuluy hudang, tuluy duaan, manehna jeung Samuel, bareng kaluar ka jalan. 27Waktu keur turun ka sisi kota, saur Samuel ka Saul, “Titah bujang teh ti heula”—tuluy bujangna maju ti heula—“tapi maneh kudu cicing heula sakeudeung, supaya kami bisa nyaritakeun pangandika Rama urang ka maneh.”