Caang ti Rama Moal Bisa Dipegatkeun
Hiji lampu emas nu dieusian ku dua tangkal jaitun ngajawab hatena Serubabel nu leutik ati ku Bait Suci nu leutik jeung can anggeus. Pangandika Rama urang ka manehna: lain ku kakuatan, lain ku kawasa, tapi ku Roh Kami. Leungeun nu nyieun tatapakanana bakal ngaanggeuskeunana; ulah aya nu ngahina perkara-perkara nu leutik.
4 1Tuluy malaikat anu geus ngobrol jeung kaula teh datang deui, terus ngagugahkeun kaula, cara jalma anu digugahkeun tina sare. 2Mantenna mariksa, “Naon anu katenjo ku maneh?” Walon kaula, “Aya hiji ajug emas, aya pinggan dina luhurna, jeung tujuh lampu, masing-masing lampu aya tujuh corongan dina luhurna.
3Aya dua tangkal jaitun nangtung di gigireunana, nu hiji di beulah katuhu pinggan, nu hiji deui di beulah kencana.”
4Tuluy kaula nanya ka malaikat anu keur ngobrol jeung kaula teh, “Naon ieu teh, Juragan?”
5Malaikat anu keur ngobrol jeung kaula ngawaler, “Na maneh teu nyaho naon ieu teh?” Walon kaula, “Alim terang, Juragan.”
6Pok Mantenna ngalahir ka kaula, “Ieu teh pangandika Rama urang ka Serubabel: Lain ku kakuatan, lain ku kakawasaan, tapi ku Roh Kami, kitu dawuhan Rama Panglima balad sawarga. 7Saha maneh, eh gunung anu gede? Di payuneun Serubabel maneh bakal jadi tanah anu rata. Anjeunna bakal ngaluarkeun batu puncak bari ngagorowok, ‘Sih kurnia, sih kurnia ka eta!’
8Tuluy pangandika Rama urang sumping ka kaula, ungelna,
9Leungeun Serubabel anu geus masang pademen ieu gedong; leungeunna deui anu bakal ngaréngsékeunana. Geus kitu maneh bakal nyaho yen Rama Panglima balad sawarga anu geus ngutus Kami ka maraneh. 10Saha anu geus ngahina kana poe anu leutik perkarana? Maranehna bakal aratoh, nenjo tali lot aya dina leungeun Serubabel. Ari nu tujuh ieu teh soca-Na Rama urang, anu ngawas ka sakuliah bumi.”
11Tuluy kaula nanya ka Mantenna, “Naon ieu dua tangkal jaitun nu di beulah katuhu jeung kiwa ajug teh?” 12Kaula nanya deui, “Naon ieu dua dahan jaitun nu di gigireun dua corong emas anu ngucurkeun minyak emas teh?”
13Mantenna ngawaler, “Na maneh teu nyaho naon ieu teh?” Walon kaula, “Alim terang, Juragan.”
14Saur Mantenna, “Ieu teh dua jelema anu diurapan, anu ngadeg di gigireun Gusti nu ngawasaan sakuliah bumi.”