Adat Tradisi Ngalawan Pangandika Rama
Yesus nyebutkeun ka urang Parisi yén adat maranéhna geus ngabatalkeun parentah Rama sorangan, sarta yén nu najiskeun téh nu kaluar tina haté, lain nu asup kana sungut. Hiji awéwé urang Kanaan teu daék diusir, ngajawab deui ka Mantenna, sarta anak awéwéna nu disiksa dicageurkeun.
15 1Tuluy aya urang Parisi jeung ahli Toret ti Yerusalem anu daratang ka Yesus, pok ngaromong, 2“Ku naon murid-murid Anjeun ngalanggar adat tradisi karuhun? Maranehna mah teu kumbah leungeun heula mun rek dahar.”
3Waler Yesus, “Ku naon maraneh sorangan ngalanggar parentah Rama urang ku karana adat tradisi maraneh? 4Sabab Rama urang parantos ngandika, ‘Kudu ngajenan ka bapa jeung ka indung,’ jeung, ‘Saha-saha anu nyumpahan bapa atawa indung kudu dihukum pati.’ 5Tapi ceuk maraneh mah, ‘Saha-saha anu ngomong ka bapa atawa indungna, “Naon-naon anu kuduna katampa ti kaula geus dibaktikeun ka Rama urang,” 6eta jelema teu perlu deui ngajenan ka bapana ku eta.’ Ku kitu maraneh geus ngabatalkeun pangandika Rama urang ku karana adat tradisi maraneh. 7Eh jelema-jelema munapek! Bener pisan ramalan Nabi Yesaya ngeunaan maraneh, waktu anjeunna nyarios: 8‘Ieu bangsa ngajenan ka Kami ku biwirna wungkul, tapi hatena jauh ti Kami; 9ibadahna ka Kami mubadir bae, sabab anu diwurukkeunana teh parentah-parentah jelema dijieun piwuruk agama.’”
10Tuluy Yesus nyalukan jalma rea, saur-Na, “Darengekeun jeung paham: 11Lain anu asup kana sungut anu ngajadikeun jelema najis, tapi anu kaluar tina sungut anu ngajadikeun jelema najis.”
12Tuluy murid-murid-Na nyampeurkeun, pok unjukan, “Dupi Anjeun uninga yen urang Parisi teh teu karaos manahna ngadangu ucapan kasebut?”
13Waler-Na, “Unggal tangkal anu henteu dipelak ku Rama Kami nu di sawarga, bakal dirabut nepi ka akar-akarna. 14Antep bae maranehna; maranehna teh panungtun lolong. Mun jelema lolong nungtun jelema lolong, duanana bakal tigebrus ka jurang.”
15Petrus unjukan ka Anjeunna, “Mugi ieu misil teh dijelaskeun ka abdi sadaya.”
16“Na maraneh keneh bae murag pangarti cara nu sejen?” saur Yesus. 17“Na maraneh teu ngarti, yen sagala anu asup kana sungut teh asupna ka beuteung, tuluy kaluar deui ka jamban? 18Tapi anu kaluar tina sungut mah asalna ti jero hate, nya eta anu ngajadikeun jelema najis. 19Sabab tina hate kaluarna pikiran-pikiran jahat: maehan, jinah, lampah cabul, maling, jadi saksi palsu, jeung ngupat. 20Eta kabeh anu ngajadikeun jelema najis, tapi dahar bari teu kumbah leungeun heula mah teu ngajadikeun saha-saha najis.”
Kayakinan Hiji Awewe anu Teteg
21Sanggeus angkat ti dinya, Yesus nyingkir ka wewengkon Tirus jeung Sidon. 22Aya hiji awewe urang Kanaan ti wewengkon eta anu datang bari gogorowokan, “Nun Gusti, Putra Daud, sing hawatos ka abdi! Anak abdi awewe disiksa pohara ku setan.”
23Yesus teu ngawaler saeutik-eutik acan. Murid-murid-Na nyalampeurkeun tuluy maledsa, “Mugi eta awewe dijurungan wae, da gogorowokan bae nuturkeun ka abdi sadaya.”
24Waler Yesus, “Kami diutus teh ngan ka domba-domba anu sarasar ti bangsa Israil.”
25Tapi eta awewe nyampeurkeun tuluy sideku di payuneun Anjeunna, pok unjukan, “Nun Gusti, mugi abdi dipitulung!”
26Waler-Na, “Teu merenah nyokot roti bagian barudak terus dialungkeun ka anjing.”
27“Leres, nun Gusti,” walon eta awewe, “nanging anjing oge sok ngahakanan remah-remah anu ragrag tina meja dununganana.”
28Waler Yesus, “Eh Ibu, kacida gedena kayakinan maneh. Sing laksana sakumaha pamenta maneh.” Harita keneh anakna cageur.
Rama Maparin Dahar ka Opat Rebu Jalma
29Sanggeus angkat ti dinya, Yesus angkat nyusur Talaga Galilea, tuluy unggah ka hiji gunung, terus calik di dinya. 30Jalma rea daratang ka Anjeunna marawa nu lumpuh, nu lolong, nu cingkeup, nu pireu, jeung rea-rea deui, tuluy diteundeunan hareupeun sampean Anjeunna, breh ku Anjeunna dicageurkeun. 31Nu rea kabeh harookeun ningali nu pireu bisa ngomong, nu cingkeup cageur, nu lumpuh bisa leumpang, jeung nu lolong bisa nenjo; tuluy maranehna ngamulyakeun Rama bangsa Israil.
32Yesus nyaur murid-murid-Na, saur-Na, “Kami ngaraskeun ka ieu jalma rea, geus tilu poe maranehna milu ka Kami euweuh anu didahar. Kami teu hayang ngajurungan maranehna bari kalaparan, bisi kapiuhan di tengah jalan.”
33Murid-murid-Na mihatur, “Di tempat suwung kieu, timana abdi sadaya kenging roti anu cekap pikeun nyuguh jalma sakitu rea?”
34“Sabaraha siki roti anu aya ka maraneh?” saur Yesus. “Tujuh,” walon maranehna, “sareng lauk leutik sawatara siki.”
35Tuluy Anjeunna nitah jalma rea sina dariuk dina taneuh. 36Tuluy Anjeunna nyandak eta roti tujuh siki jeung laukna, saatos muji sukur, tuluy disemplekan, dipaparinkeun ka murid-murid-Na, tuluy ku murid-murid-Na dibagikeun ka jalma rea. 37Kabeh dalahar nepi ka sareubeuhna, sesa-sesana dikumpulkeun kaasupkeun kana tujuh karanjang pinuh. 38Nu dalahar teh aya opat rebu lalaki, teu kaasup awewe jeung barudak. 39Sanggeus ngajurungan jalma rea, Anjeunna unggah kana parahu tuluy angkat ka wewengkon Magadan.