Ayeuna parantos aya citakanana

Mateus 14 FHB Father's Heart Bible™

RamaYesusRoh
15% off your first order →
Kitab

Pupusna Yahya Juru Baptis

Herodes, kajebak ku sumpah dina pésta, maréntahkeun sirah Yohanes dipancung. Yesus nyingkah pikeun nalangsa, balaréa nuturkeun waé, sarta Mantenna méré dahar maranéhna tina lima roti. Engkéna Petrus leumpang di luhur cai nyampeurkeun Mantenna, ningali angin, tuluy mimiti tilelep.

Pasal 14.

Harita Herodes nu jadi raja wilayah ngadangu wartos-wartos ngeunaan Yesus. Pok anjeunna ngandika ka para gandekna, “Ieu teh Yahya Juru Baptis, anu geus hirup deui ti nu paraeh; eta sababna anjeunna boga kakuatan-kakuatan anu ajaib kitu.” Sabab Herodes geus nangkep Yahya, dirante, tuluy dipanjara, karana Herodias, bojona Pilipus dulurna, lantaran Yahya geus mindeng ngomong ka manehna, “Teu meunang anjeun ngarumah-tanggakeun eta awewe.” Herodes hayangeun maehan Yahya, tapi sieun ku jalma rea, sabab maranehna nganggap Yahya teh nabi. Tapi waktu poe tepang taun Herodes, anak awewe Herodias ngigel di hareupeun para tamu nepi ka Herodes kataji, nepi ka jangji dibarengan sumpah rek mere naon bae anu dipenta ku eta budak awewe. Kalayan diajar heula ku indungna, budak awewe teh ngomong, “Pangnyandakkeun sirah Yahya Juru Baptis ka dieu, dina baki.”

Hate raja teh ngangres, tapi karana geus sumpah jeung karana aya para tamu dahar, tuluy anjeunna mere parentah, nitah neukteuk beuheung Yahya di jero panjara. Sirahna dibawa dina baki, dibikeun ka budak awewe tea, tuluy ku manehna dibawa ka indungna. Geus kitu murid-murid Yahya daratang, nyokot layonna, tuluy dikubur; sanggeus kitu maranehna indit ngabejaan Yesus.

Yesus Maparin Dahar Lima Rebu Jalma

Sanggeus ngadangu eta, Yesus angkat nunggang parahu nyingkah ka hiji tempat anu suni nyalira. Tapi jalma rea nyarahoeun, tuluy naluturkeun Anjeunna leumpang ti kota-kota. Waktu Anjeunna lungsur ka darat, kasampak aya jalma rea pisan, Anjeunna welas ka maranehna, tuluy nyageurkeun nu garering. Sanggeus sore, murid-murid unjukan ka Anjeunna, “Ieu tempat suni, sareng parantos ngawengi. Mugi jalmi-jalmi dipiwarang mulih, supados ka kampung-kampung mesér tedaeunana.”

Tapi waler Yesus ka maranehna, “Teu kudu arindit. Ku maraneh bae barangdahareun.”

Piunjuk maranehna ka Anjeunna, “Di dieu mah abdi sadaya ngan gaduh roti lima sareng lauk dua.”

Waler Anjeunna, “Bawa ka dieu ka Kami.”

Anjeunna miwarang jalma rea sina dariuk dina jukut. Tuluy nyandak roti lima jeung lauk dua tea, tanggah ka langit, muji sukur, mesék-mesék roti, tuluy dipaparinkeun ka murid-murid, ti murid-murid dibikeun ka jalma rea. Kabehanana dalahar nepi ka sareubeuh, jeung sesa-sesana nu dipulungan aya dua welas karanjang pinuh. Nu dalahar teh lalaki bae aya kira-kira 5.000 urang, can kaasup awewe jeung barudak.

Yesus Leumpang di Luhureun Cai

Harita keneh Yesus miwarang murid-murid sina unggah kana parahu ti heula mapag ka beulah ditu, samentara Anjeunna ngajurung jalma rea mulang. Sanggeus jalma rea marulang, Anjeunna unggah ka gunung nyalira seja neneda. Sanggeus peuting, Anjeunna di dinya nyalira. Ari parahu geus jauh ti darat, keur diolah-olah ku ombak, da angin ngalawan ti hareup. Kira-kira tabuh tilu subuh Anjeunna nyampeurkeun maranehna, leumpang di luhureun laut. a a v25 Giliran jaga nu kaopat dina peuting teh kira-kira tabuh 3 nepi ka tabuh 6 isuk — mangsa anu pangpoekna jeung pangtiisna samemeh bedug subuh. Barang nenjo Anjeunna leumpang di luhureun laut, murid-murid kacida sarieuneunana, tuluy ngaromong, “Jurig!” bari ngocéak awahing ku sieun.

Tapi Yesus sapada harita ngandika ka maranehna, “Masing wanterah! Ieu teh Kami; ulah sarieun.”

Petrus ngawangsul ka Anjeunna, “Nun Gusti, upami leres Gusti, timbalan abdi sina nyampeurkeun ka Gusti dina luhureun cai.”

Waler Anjeunna, “Ka dieu.” Petrus turun ti parahu, leumpang di luhureun cai, mapag ka Yesus.

Tapi barang ngarasa angin gede, manehna sieun, tuluy mimiti tilelep bari ngocéak, “Nun Gusti, tulungan abdi!”

Yesus sapada harita ngulurkeun panangana-Na, nyepeng Petrus, tuluy ngandika, “Eh nu ipis iman, naha make hamham?”

Sanggeus duanana unggah kana parahu, anginna teh jempe. Tuluy nu araya di jero parahu sarujud ka Anjeunna bari ngaromong, “Saleresna Gusti teh Putra Rama urang.”

Sanggeus meuntas, maranehna nepi ka darat di Genesaret. Barang jalma-jalma di dinya naruhoeun ka Anjeunna, tuluy ngawawarkeun ka sakuliah daerah eta, nepi ka maranehna mawa ka Anjeunna sakabeh nu garering. Maranehna marenta ka Anjeunna supaya diwidian ngan rek nyabak kana gigir jubah-Na bae, sarta sakabeh nu nyabak jadi caralageur.