Nu Pangagungna ti Antarana
Unggal kurnia anu ku maranéhna dipaséakeun — basa-basa, nubuat, pangaweruh, iman anu mindahkeun gunung, malah méré sagala-galana — teu aya hartina tanpa kanyaah. Kanyaah téh sabar, teu nyatet kasalahan, sarta leuwih langgeng tibatan kurnia-kurnia, anu bakal réngsé nalika urang ningali pahareup-hareup.
13 1Sanajan kuring bisa nyarita ku basa manusa jeung basa para malaikat, tapi henteu boga kanyaah, kuring teh ngan ukur sora gong nu disada tarik, kecrek simbal nu ngagerantang. 2Sanajan kuring bisa nubuat, ngarti kana sagala rasiah jeung sagala pangaweruh, sarta boga kapercayaan nu sampurna nepi ka bisa mindahkeun gunung, tapi henteu boga kanyaah, kuring teh lain nanaon. 3Sanajan kuring ngabagikeun sagala harta banda, jeung sanajan kuring masrahkeun awak sorangan supaya bisa agul, tapi henteu boga kanyaah, kuring teh moal meunang naon-naon.
4Kanyaah teh sabar, kanyaah teh hade hate. Teu sirik, teu agul, teu adigung. 5Teu kurang ajar, teu neangan kapentingan sorangan, teu babari ambek, teu nyatet kasalahan batur. 6Kanyaah teu resep kana kajahatan, tapi ngarasa bungah ku bebeneran. 7Salawasna ngaraksa, salawasna percaya, salawasna boga pangharepan, salawasna tabah.
8Kanyaah mah moal pernah gagal. Tapi nubuat bakal eureun, rupa-rupa basa bakal liren, jeung pangaweruh bakal sirna. 9Sabab pangaweruh urang teh ngan sabagian, jeung nubuat urang oge ngan sabagian, 10tapi lamun nu sampurna geus datang, nu sabagian teh bakal leungit. 11Waktu kuring keur budak, nyaritana kawas budak, mikirna kawas budak, nalarna kawas budak. Sanggeus kuring jadi dewasa, kabiasaan budak teh ditinggalkeun. 12Sabab ayeuna urang ningali teh ngan kalangkang nu samar dina eunteung; engke mah paadu-adu jonghok. Ayeuna kuring nyaho ngan sabagian; engke mah bakal nyaho sagemblengna, cara kuring oge dipikanyaho sagemblengna. 13Jadi ayeuna aya tilu perkara nu tetep: kapercayaan, pangharepan, jeung kanyaah. Tapi nu pangagungna ti nu tilu eta nya eta kanyaah.