Panglayungan pikeun Para Pamingpin Israil
Kawih pangbelasungkawa pikeun raja-raja Yuda, dicaritakeun salaku hiji singa bikang anu dua anakna masing-masing kajebak tur dikurung, jeung salaku tangkal anggur anu dicabut tur diduruk nepi ka teu nyésa hiji dahan ogé anu cukup kuat pikeun jadi teken karajaan. Di tungtungna teu aya jangji nanaon. Éta tetep hiji kawih kasedih.
19 1“Ari maneh, geura tembangkeun hiji panglayungan pikeun para pamingpin Israil, 2tuluy ucapkeun: Saha indung maraneh teh? Hiji singa bikang. Manehna ngedeng di tengah singa-singa, ngagedekeun anak-anakna di tengah singa-singa ngora. a a v2 Singa bikang teh ngalambangkeun karaton raja Yuda, sarta anak-anakna nya eta raja-rajana — sakabeh pasal ieu mangrupa lagu kasedih anu ngagambarkeun runtagna raja-raja panungtung Yuda. 3Manehna ngagedekeun salah sahiji anakna, nepi ka jadi singa ngora. Eta singa diajar nyaragap mangsana; nepi ka ngahakanan jelema. 4Bangsa-bangsa ngadarenge beja perkara manehna; manehna katewak dina jebakanana, tuluy ditungtun make kait ka tanah Mesir. 5Sanggeus indungna nyaho yen anggeur ngadagoan teu aya hartina, yen harepanana geus leungit, manehna nyokot anakna nu sejen tuluy dijadikeun singa ngora. 6Eta anak singa ngaprak di tengah singa-singa; tuluy jadi singa ngora. Diajar nyaragap mangsana; nepi ka ngahakanan jelema. 7Manehna ngaruntagkeun benteng-bentengna sarta ngabasmi kota-kotana. Eta tanah katut sakabeh pangeusina pada reuwaseun ku sora gaurna. 8Tuluy bangsa-bangsa narajang manehna ti sakuliah wewengkon sabudeureunana; jaring maranehna dipentangkeun ka manehna, nepi ka manehna katewak dina jebakanana. 9Ku kait manehna diasupkeun kana kurung tuluy dibawa ka raja Babul. Manehna dijebloskeun kana benteng-benteng, supaya sorana ulah kadenge deui di gunung-gunung Israil. 10Indung maraneh teh ibarat tangkal anggur di kebon anggur maraneh, melakna sisi cai, buahna lebar tur rembet dahanna ku lantaran caina ngaleuya. 11Dahanna aya nu tohaga, pantes dijieun teteken para raja. Jangkungna ngungkulan rungkun nu kandel, katembong lantaran jangkungna di tengah dahan-dahanna anu ngarembet. 12Tapi tuluy dirabut bari pinuh ku amarah sarta dialungkeun kana taneuh; angin wetan ngagaringkeun buahna. Dahan-dahanna nu tohaga diranggeum tuluy ngagaring; seuneu nu ngahuru kabeh. 13Ayeuna eta tangkal dipelak di gurun keusik, di tanah nu gersang tur halabhab. 14Seuneu geus ngaburakrakan ti dapuranana tuluy ngahuru dahan-dahanna katut buahna, nepi ka taya deui dahan nu tohaga nu nyesa, taya teteken pikeun marentah. Ieu teh hiji panglayungan, sarta geus jadi panglayungan.” b b v14 Bagean panutup ieu hartina sajak ieu, anu asalna ditulis minangka nubuat, ayeuna geus kajadian tur keur dihaleuangkeun minangka lagu pamakaman anu saenyana.