Hajat Kawinan di Kana
Dina kariaan kawinan di Kana anggurna béak, sarta Yesus kalawan sepi ngarobah genep tempayan cai pikeun kekecrék jadi anggur pangalusna peuting éta. Tuluy di Yerusalem Mantenna ngusir tukang dagang ku pecut, nyebut Bait Allah téh bumi Rama-Na, lain pasar.
2 1Dina poe katilu, aya hajat kawinan di Kana, wewengkon Galilea; ibu Yesus aya di dinya. 2Yesus jeung murid-murid-Na oge kabagean diondang ka eta hajat kawinan. 3Waktu anggurna seep, ibu Yesus unjukan ka Anjeunna, “Maranehna teu gaduh anggur deui.”
4“Nun Ibu, naha Kami dibawa-bawa kana perkara ieu?” waler Yesus. “Waktos Kami teu acan dongkap.”
5Ibu-Na tuluy nyarios ka para gandek, “Pek lampahkeun naon bae anu dipiwarang ku Anjeunna ka maraneh.”
6Di dinya aya genep guci batu paranti nyokot cai, biasa dipake pikeun upacara nyucikeun diri sacara adat Yahudi, unggal guci eusina kira-kira dua puluh nepi ka tilu puluh galon. a a v6 Unggal guci eusina kira-kira 20 nepi ka 30 galon (75 nepi ka 115 liter) — ieu teh wadah-wadah anu galede.
7Waler Yesus ka maranehna, “Eusian ieu guci ku cai,” tuluy ku maranehna dieusian nepi ka pinuh. 8Saur-Na deui, “Ayeuna sidu saeutik, bawa ka kapala pangurus pesta.” Tuluy ku maranehna dilaksanakeun.
9Kapala pangurus pesta tuluy ngasaan cai anu geus jadi anggur tea, teu nyahoeun ti mana asalna—ngan para gandek anu nyokot cai tea anu nyarahoeun. Tuluy manehna nyalukan panganten lalaki, 10pok ngomong, “Biasana jelema mah nyuguhkeun anggur anu alus ti heula, sanggeus para tamu marabok kakara nu kurang alus. Ari anjeun mah anggur anu alus teh disimpen nepi ka ayeuna.” 11Ieu tanda ajaib anu kahiji dilakukeun ku Yesus di Kana, wewengkon Galilea. Anjeunna nembongkeun kamulyaana-Na, tuluy murid-murid-Na palercaya ka Anjeunna.
12Sanggeus kitu Anjeunna angkat ka Kapernaum jeung ibu-Na, saderek-saderek-Na, sarta murid-murid-Na, tuluy maratuh di dinya sababaraha poe.
13Waktu Pesta Paska urang Yahudi geus deukeut, Yesus angkat ka Yerusalem.
Nyucikeun Buruan Bait Allah
14Di buruan Bait Allah Anjeunna mendak jalma-jalma anu ngajual sapi, domba, jeung japati, katut nu sejen anu dariuk di meja keur tukar duit. 15Anjeunna nyieun pecut tina tali, tuluy ngusir maranehna kabeh ti buruan Bait Allah, boh domba boh sapi, mancawurkeun duit tukang nuker duit, sarta ngabalik-balik mejana.
16Ka nu ngajual japati Anjeunna ngalahir, “Singkirkeun ieu kabeh ti dieu! Ulah ngajadikeun bumi Ama Kami jadi pasar.”
17Murid-murid-Na tuluy ingateun kana anu kaungel dina Kitab Suci: “Kaasih ka bumi Ama teh bakal ngalebur diri abdi.”
18Urang Yahudi tuluy naranya, “Tanda ajaib naon anu rek dituduhkeun ku Anjeun ka kami, pikeun ngabuktikeun yen Anjeun boga hak migawe kitu?”
19Waler Yesus, “Runtuhkeun ieu Bait Allah, tangtu ku Kami diadegkeun deui dina waktu tilu poe.”
20Tembal maranehna, “Ngadegkeun ieu Bait Allah teh nepi ka opat puluh genep taun, na rek diadegkeun deui ku Anjeun ngan dina tilu poe?” 21Tapi Bait Allah anu dimaksad ku Anjeunna teh nya eta salira-Na. 22Sanggeus Anjeunna gugah tina pupus, murid-murid-Na ingateun kana pilahir-Na anu kitu tea, tuluy palercaya kana eusi Kitab Suci jeung kana pilahir Yesus.
23Sabot Anjeunna di Yerusalem dina mangsa Pesta Paska, loba jalma anu narenjo tanda-tanda ajaib anu dilakukeun ku Anjeunna, tuluy palercaya kana jenengan-Na.
24Tapi Yesus henteu masrahkeun salira-Na ka maranehna, sabab Anjeunna uninga kana sipat sakabeh jalma. 25Anjeunna teu perlu kasaksian saha-saha ngeunaan jalma, sabab Anjeunna uninga kana eusi hate unggal jalma.