Di Tempat Taya Wahyu
Ngeunaan pangawasa, amarah jeung barudak. Lamun jalma bener mekar, rahayat bungah, sarta lamun jalma jahat marentah, rahayat ngagerung. Jalma bodo ngabudalkeun sakabeh amarahna, sarta jalma anu gurung-gusuh ngomong leuwih parah batan jalma bodo. Di mana teu aya wahyu, jalma-jalma jadi liar.
29 1Sing saha anu remen dielingan tapi embung ngadenge, bakal ujug-ujug ancur teu bisa dicageurkeun deui. 2Lamun jalma bener mukti, rahayat marahmay, tapi lamun jalma jahat anu kawasa, rahayat ngarahuh. 3Jalma anu resep kana kabijaksanaan matak bungah hate bapana, tapi anu sosobatan jeung awewe palacuran mah ngaburakeun harta bandana. 4Ku kaadilan hiji raja ngajadikeun nagara ajeg, tapi anu hawek kana panyogok mah ngaruntuhkeun eta. 5Jalma anu ngolo ngupahan baturna teh masang jaring pikeun suku sorangan. 6Jalma jahat kajiret ku dosana sorangan, tapi jalma bener mah ngawih bari suka bungah. 7Jalma bener merhatikeun kaadilan pikeun nu mariskin, tapi jalma jahat mah teu ngarti kana hal eta. 8Jalma-jalma nu resep moyok matak hiji kota hurung ku amarah, tapi jalma bijaksana mah ngareureuhkeun amarah. 9Lamun jalma bijaksana baroja perkara jeung jalma bodo di pangadilan, si bodo ngamuk jeung moyok, nepi ka taya katengtreman. 10Jalma nu getihan mikaceuceub ka nu teu boga kasalahan, sarta hayang maehan jalma nu jujur. 11Jalma bodo ngaleupaskeun sagala amarahna, tapi jalma bijaksana mah nahan amarah sarta ngajaga manehna tetep tenang. 12Lamun hiji pamingpin ngadengekeun bohong, kabeh pagawena jadi jarahat. 13Jalma miskin jeung jalma nu nindes boga hiji perkara nu sarua: Rama urang anu maparin paningal ka panon duanana. 14Lamun hiji raja ngadilan jalma miskin kalawan adil, tahtana bakal ajeg salalanggengna. 15Iteuk jeung omongan nu ngelingan mere kabijaksanaan, tapi budak anu diantep sakarepna matak era indungna. 16Lamun jalma jahat mukti, kajahatan oge ngagedean, tapi jalma bener bakal nyaksian runtuhna jalma jahat. 17Peperan anak maneh, tangtu manehna bakal mere katengtreman ka maneh; manehna bakal matak suka kana hate maneh. 18Di tempat anu euweuh wahyu, rahayat jadi teu kakadalian, tapi bagja jalma anu ngestokeun hukum. 19Gandek teu bisa dibeberah ngan ku omongan wungkul; najan ngarti, manehna moal nurut. 20Naha maneh nenjo jalma anu gurunggusuh ngomong? Leuwih aya harepan keur jalma bodo batan keur manehna. 21Lamun ngogo gandek ti leuleutik, ahirna manehna bakal jadi kawas ahli waris. 22Jalma nu babari ambek matak pasea, jeung jalma nu panas baran loba nyieun dosa. 23Kaadigungan jalma matak nurunkeun darajatna, tapi jalma anu rendah hate bakal meunang kahormatan. 24Batur sapagawean maling teh musuh keur dirina sorangan; manehna ngadenge sumpah panyapa tapi teu ngomong nanaon. a a v24 “Sumpah panyapa” teh sumpah umum anu maksa sing saha anu nyaksian kajahatan sangkan ngadeuheus jeung mere kasaksian. 25Sieun ku manusa teh masang jiret, tapi sing saha anu percaya ka Rama urang bakal karaksa salamet. 26Loba jalma nu neangan kamurahan hiji pamingpin, tapi kaadilan pikeun hiji jalma mah asalna ti Rama urang. 27Jalma nu teu adil teh pikaceuceubeun pikeun jalma bener, jeung jalma nu jujur teh pikaceuceubeun pikeun jalma jahat.