Malaikat nu Gagah Perkasa Turun
Saurang malaikat napakkeun hiji sukuna dina laut jeung hiji deui dina darat, sarta sumpah demi Rama urang: moal aya deui ditunda. Tujuh guludug nyarios sarta Yohanes dicaram nuliskeunana. Anjeunna ngahakan gulungan leutik: amis kawas madu dina sungut, pait saterusna. Anjeunna kudu nubuat deui.
10 1Tuluy kaula ningali malaikat sejen anu gagah perkasa lungsur ti sawarga, kasimbutan ku mega, luhureun mastakana aya katumbiri, raina lir panonpoe, sampeanana lir tihang-tihang seuneu. 2Mantenna nyepeng gulungan leutik anu muka, sampeanana nu katuhu dipernahkeun dina laut, nu kenca dina daratan, 3tuluy ngagorowok lir singa anu ngagaur. Sanggeus ngagorowok, aya tujuh guludug anu disada ngomong.
4Sanggeus tujuh guludug tea disada ngomong, kaula rek nyatetkeun, tapi ngadangu aya soara ti sawarga, “Sidikeun naon anu diucapkeun ku tujuh guludug tea; ulah ditulis.”
5Tuluy malaikat anu ku kaula katingali ngadeg dina laut jeung daratan tea ngangkat panangan katuhuna ka sawarga, 6sarta sumpah demi Rama urang anu jumeneng salalanggengna, anu ngadamel langit katut saeusina, bumi katut saeusina, jeung laut katut saeusina, “Moal aya deui tempo! 7Dina waktuna malaikat nu katujuh niup sangkakalana, rasiah Rama urang bakal bukti, sakumaha anu geus diwartoskeun ku Mantenna ka para abdi-Na, nya eta nabi-nabi.” a a v7 Rasiah anu diwartoskeun ku Rama urang ngaliwatan para nabi teh ngahontal kalengkepanana dina Putra-Na — Injil anu diwawuhkeun ka sakabeh bangsa (Epesus 3:8-9; Kolosa 1:26-27).
8Soara ti sawarga tea ngandika deui, “Pek bral, cokot gulungan anu muka tina leungeun malaikat anu ngadeg dina laut jeung daratan tea.”
9Tuluy kaula nyampeurkeun ka malaikat tea, menta gulungan leutik tea. Saur malaikat tea, “Pek cokot, tuang. Tangtu baris karasa pait dina beuteung maneh, tapi dina sungut mah amis lir madu.”
10Kaula nyokot gulungan leutik tea tina leungeun malaikat tea, tuluy didahar. Dina sungut mah amis lir madu; tapi sanggeus kadahar, beuteung jadi karasa pait. 11Tuluy ka kaula aya anu ngomong, “Maneh kudu ngaramalkeun deui perkara loba bangsa, nagara, basa, jeung raja-raja.”