Kaom Dan Neangan Tempat pikeun Matuh
Para panalungtik ti kaom Dan anu teu boga tanah menta ka imam sewaan Mika hiji timbalan ti Rama urang, sarta meunang jawaban anu nguntungkeun. Genep ratus jalma anu nyekel pakarang balik deui, ngarampas eusi tempat pamujaan, sarta nawarkeun ka eta imam jamaah anu leuwih gede, sarta anjeunna milu kalawan bungah. Maranehna ngabasmi hiji kota anu tengtrem sarta ngadegkeun eta brahala.
18 1Dina jaman harita Israil teu boga raja. Kaom Dan keur neangan wewengkon pikeun matuh, sabab nepi ka harita maranehna acan meunang warisan di antara kaom-kaom Israil. 2Urang Dan ngutus lima jalma gagah ti golonganana, ti Sora jeung Estaol, pikeun nalengteng jeung niten-niten eta tanah. Ceuk maranehna ka nu lima, “Jig, tingal-tingal eta tanah.” Maranehna nepi ka tanah pagunungan Epraim, ka imah Mika, tuluy ngareureuh sapeuting di dinya.
3Deukeut imah Mika maranehna wawuh kana sora budak ngora urang Lewi tea, tuluy maranehna nyimpang ka dinya sarta ngomong ka manehna, “Saha nu mawa maneh ka dieu? Keur naon maneh di dieu? Boga naon maneh di tempat ieu?”
4Tembal manehna, “Kieu jeung kitu Mika ka kuring; kuring dibeuli ku manehna, tuluy kuring jadi imamna.”
5Ceuk maranehna ka manehna, “Pangnaroskeun ka Rama urang, sangkan kuring nyaho naha lalampahan kuring bakal hasil atawa henteu.”
6Tembal imam tea, “Jig geura laleumpang kalawan tengtrem. Lalampahan maraneh aya dina pangraksa Rama urang.”
7Tuluy nu lima jalma teh indit ka Lais sarta nenjo pangeusina hirup aman, cara urang Sidon—tengtrem jeung santosa—teu kakurangan naon-naon di eta tanah sarta loba harta. Maranehna jauh ti urang Sidon sarta teu boga urusan jeung sasaha. 8Sanggeus maranehna balik ka dulur-dulurna di Sora jeung Estaol, maranehna ditanya, “Kumaha, naon nu kapanggih ku maraneh?”
9Tembal maranehna, “Hayu urang gempur maranehna! Tanahna geus katenjo ku urang—alus pisan. Na maraneh rek cicing bae? Ulah asa-asa indit ngarebut eta tanah. 10Ari geus nepi, maraneh bakal manggih hiji bangsa nu teu curiga di tanah nu lega. Rama urang geus masrahkeun eta ka maraneh—hiji tempat nu teu kakurangan naon-naon di bumi.”
11Jumlahna 600 jalma ti golongan Dan, dilengkepan ku pakarang perang, indit ti Sora jeung Estaol. 12Maranehna unggah tuluy masanggrahan di Kiryat-Yearim di Yuda. Ku sabab eta eta tempat disebut Mahane-dan nepi ka kiwari; perenahna di kuloneun Kiryat-Yearim. 13Ti dinya maranehna meuntas ka tanah pagunungan Epraim tuluy nepi ka imah Mika.
14Tuluy nu lima jalma nu geus nalengteng tanah Lais tea ngomong ka dulur-dulurna, “Na maraneh nyaho yen di imah-imah ieu aya epod, arca-arca brahala, hiji arca ukiran, jeung hiji arca tuangan? Ayeuna putuskeun kudu kumaha.” 15Tuluy maranehna nyimpang sarta datang ka imah budak ngora urang Lewi tea, nya eta imah Mika, tuluy nanyakeun kasalametanana. 16Nu 600 jalma urang Dan nu marawa pakarang teh narangtung di lawang gapura. 17Nu lima jalma nu geus nalengteng tanah teh arasup tuluy nyokot arca ukiran, epod, arca-arca brahala, jeung arca tuangan, ari imamna narangtung di lawang gapura jeung nu 600 jalma nu marawa pakarang.
18Waktu eta jalma-jalma asup ka imah Mika sarta nyokot arca ukiran, epod, arca-arca brahala, jeung arca tuangan, imam tea nanya ka maranehna, “Keur naraon maraneh teh?”
19Tembal maranehna, “Repeh! Tutupan sungut ku leungeun maneh, tuturkeun kami. Jadi bapa jeung imam kami. Lewih hade maneh jadi imam pikeun imah hiji jalma, atawa pikeun hiji kaom jeung golongan di Israil?”
20Hate imam tea jadi suka. Manehna nyokot epod, arca-arca brahala, jeung arca ukiran, tuluy ngilu di tengah-tengah jalma rea. 21Tuluy maranehna malik sarta arindit, barudak, ingon-ingon, jeung babandaanana diheulakeun. 22Sanggeus maranehna jauh ti imah Mika, jalma-jalma nu caricing deukeut dinya disalaur tuluy ngudag urang Dan. 23Maranehna gorowok ka urang Dan, nu tuluy maralik sarta ngomong ka Mika, “Aya naon maneh, nepi ka ngahaben ngumpulkeun jalma-jalma maneh?”
24Tembal manehna, “Allah-allah gawean kuring jeung imam kuring geus dicokot ku maraneh, tuluy maraneh arindit. Naon deui nu nyesa keur kuring? Kumaha bet bisa maraneh nanya ka kuring, ‘Aya naon maneh?’”
25Ceuk urang Dan ka manehna, “Ulah nepi ka sora maneh kadenge di antara kami, bisi aya jalma-jalma nu keur napsu narajang maneh, tuluy maneh jeung sakulawarga maneh paraeh.”
26Urang Dan tuluy neruskeun lalampahanana; sarta waktu Mika nenjo yen maranehna leuwih kuat ti batan manehna, manehna balik deui ka imahna. 27Maranehna mawa barang gawean Mika, jeung imamna, tuluy datang ka Lais—hiji bangsa nu tengtrem jeung teu curiga—tuluy ditarajang ku pedang sarta eta kota diduruk ku seuneu. 28Teu aya nu bisa nulungan maranehna, sabab eta kota jauh ti Sidon sarta teu boga hubungan jeung sasaha. Perenahna di lebak nu kaasup ka Bet-rehob. Urang Dan ngadegkeun deui eta kota tuluy maratuh di dinya. 29Eta kota dingaranan Dan, nurutkeun ngaran karuhunna, nya eta Dan, putra Israil; tapi eta kota tadina mah ngaranna Lais. 30Urang Dan ngadegkeun eta arca ukiran keur maranehna. Yonatan, putra Gersom, putra Musa, jeung anak-anakna jaradi imam pikeun kaom urang Dan nepi ka poe dibuangna eta tanah. 31Maranehna ngadegkeun keur maranehna arca ukiran gawean Mika, salila imah Rama urang aya di Silo.