Yesus Maparin Dahar Opat Rebu Jalma
Yesus méré dahar opat rébu jalma, nolak méré tanda, sarta ngingetan ngeunaan ragi urang Parisi. Hiji jalma lolong bisa ningali dina dua tahap. Petrus nyebut Mantenna Kristus, tuluy nyarékan Mantenna lantaran nyarios yén Mantenna kudu pupus, sarta disebut Iblis, mikiran urusan manusa lain urusan Rama urang.
8 1Dina mangsa harita, aya deui jalma kacida rea ngariung, teu baroga nu bakal didahar. Yesus nyaur murid-murid-Na, saur-Na,
2“Kami karunya ka jalma rea ieu, geus tilu poe ayeuna maranehna ngariung jeung Kami, tur teu baroga nu bakal didahar. 3Lamun ku Kami dititah balik bari lapar, tangtu bakal ngarumpuyuk di jalan, da sawareh mah jauh datangna.”
4Piunjuk murid-murid-Na, “Di tempat suni kieu, kumaha bisana maparin dahar jalma sakieu reana ku roti?”
5Yesus mariksa ka maranehna, “Boga roti sabaraha siki maraneh?” Piunjukna, “Tujuh, Gusti.”
6Tuluy Anjeunna miwarang jalma rea sina dariuk dina taneuh. Anjeunna nyandak roti nu tujuh siki, muji sukur, tuluy disemplekan, dibikeun ka murid-murid-Na sina diidangkeun ka jalma rea; tuluy ku maranehna diidangkeun ka jalma rea. 7Aya deui lauk leutik sababaraha siki. Sanggeus muji sukur, Anjeunna miwarang murid-murid-Na sina ngidangkeun eta oge ka jalma rea. 8Kabehanana dalahar nepi ka sareubeuhna. Sesa-sesana dikumpulkeun, meunang tujuh karanjang. 9Jumlah nu dalahar kira-kira opat rebu urang. Sanggeus kitu ku Anjeunna dipiwarang baralik.
10Geus kitu Anjeunna gancang unggah kana parahu jeung murid-murid-Na, tuluy angkat ka wewengkon Dalmanuta.
Jalma-jalma nu Menta Tanda Ajaib
11Jol urang Parisi, tuluy mimiti ngabantah ka Anjeunna. Maranehna nyoba ka Anjeunna ku cara menta tanda ti sawarga.
12Anjeunna ngarahuh jero manah, tuluy saur-Na, “Naha jalma-jalma jaman ayeuna menta tanda? Saenyana ceuk Kami ka maraneh, moal aya tanda anu rek dibikeun ka jalma-jalma jaman ayeuna.”
13Tuluy maranehna ditinggalkeun, Anjeunna unggah deui kana parahu, angkat ka peuntaseun.
Sing Awas kana Ragi Urang Parisi
14Murid-murid-Na hilap teu mawa roti, ngan aya sasiki dina parahu.
15Yesus ngelingan, saur-Na, “Sing awas, maraneh kudu ati-ati ku ragi urang Parisi jeung ragi Herodes.”
16Tuluy maranehna pada ngaromongkeun jeung baturna yen teu baroga roti.
17Uninga kana hal eta, Yesus mariksa, “Naha maraneh ngaromongkeun teu baroga roti? Na maraneh tacan ngarti keneh, tacan nyaho keneh? Naha hate maraneh geus barangkar? 18Boga mata naha teu nenjo? Boga ceuli naha teu ngadenge? Jeung naha maraneh teu inget? 19Waktu Kami nyemplekan roti lima siki pikeun lima rebu jalma, sabaraha karanjang sesa-sesana nu dikumpulkeun ku maraneh?” Piunjukna, “Dua welas, Gusti.”
20“Jeung waktu Kami nyemplekan roti tujuh siki pikeun opat rebu jalma, sabaraha karanjang sesa-sesana nu dikumpulkeun ku maraneh?” Piunjukna, “Tujuh, Gusti.”
21Tuluy saur-Na ka maranehna, “Na maraneh tacan ngarti keneh?”
Hiji Jalma Lolong Dicageurkeun
22Tuluy daratang ka Betsaida. Di dinya aya jalma mawa hiji nu lolong ka Anjeunna, menta supaya Yesus kersa ngarampa eta jalma.
23Anjeunna nyepeng leungeun nu lolong, dibawa ka luar kampung. Matana diciduhan, tuluy ditumpangan panangan, terus mariksa, “Aya nu katenjo ku maneh?”
24Jalma teh neuteup ka luhur, pok ngomong, “Abdi ningal jalma, nanging sapertos tangkal nu laleumpang.”
25Yesus numpangkeun deui panangan kana mata eta jalma. Tuluy jalma teh neuteup enya-enya, panonna cageur, sagala rupa katenjo caang.
26Tuluy ku Anjeunna dipiwarang balik, saur-Na, “Ulah asup heula ka kampung.”
Ceuk Maraneh Kami Saha?
27Yesus jeung murid-murid-Na angkat ka kampung-kampung di wewengkon Kaisarea Filipi. Di satengahing jalan Anjeunna mariksa ka maranehna, “Ceuk jalma rea, Kami teh saha?”
28Piunjuk murid-murid, “Aya nu nyebatkeun Yohanes Jurubaptis, aya nu nyebatkeun Nabi Elias, aya deui nu nyebatkeun salah saurang nabi.”
29Tuluy Anjeunna mariksa deui, “Ari ceuk maraneh, Kami teh saha?” Piunjuk Petrus, “Gusti teh Kristus.”
30Tuluy ku Anjeunna dipageuhan ulah nyaritakeun hal Anjeunna ka saha-saha.
Putra Manusa Kudu Nandangan Sangsara
31Anjeunna mimiti ngawuruk ka maranehna yen Putra Manusa kudu loba nandangan sangsara, ditampik ku para kokolot, imam-imam kapala, jeung ahli-ahli Toret, tuluy dipaehan, jeung sanggeus tilu poe gugah deui. 32Hal eta diterangkeun ku Anjeunna sajelas-jelasna. Tuluy Petrus mawa Anjeunna ka sisi, terus mimiti nyeukseukan.
33Tapi Anjeunna malik, neuteup ka murid-murid-Na, tuluy nyeukseukan Petrus, saur-Na, “Nyingkah ti pahareup-hareup Kami, Setan! Sabab pikiran maneh lain kana perkara Rama urang, tapi kana perkara manusa.”
34Tuluy Anjeunna nyaur jalma rea jeung murid-murid-Na, saur-Na ka maranehna, “Sing saha nu hayang anut ka Kami, kudu ngaleungitkeun kahayang sorangan, manggul salibna, tuluy nuturkeun Kami. 35Sing saha nu hayang nyalametkeun nyawana, bakal kaleungitan nyawana. Sabalikna sing saha nu ngorbankeun nyawana ku karana Kami jeung karana Injil, bakal nyalametkeun nyawana. 36Naon untungna ari jelema meunang sakuliah dunya tapi kaleungitan nyawana? 37Naon atuh nu bisa dibikeun ku jelema pikeun nebus nyawana? 38Sabab sing saha nu era ku Kami jeung ku piwuruk Kami di jaman anu bangsat tur dosa ieu, Putra Manusa oge bakal era ku manehna, dina waktu Anjeunna sumping dina kamulyaan Rama-Na jeung para malaikat suci.”