Ayeuna parantos aya citakanana

Rasul-Rasul 23 FHB Father's Heart Bible™

RamaYesusRoh
15% off your first order →
Kitab

Paulus di Hareupeun Majelis Agama

Ditampiling dina pamariksaan, Paulus megatkeun majelis ku nyebut kabangkitan, sarta urang Parisi jeung urang Saduki silih tarajang. Peutingna Yesus nyarios ka manéhna yén manéhna bakal nyaksi di Roma. Opat puluh lalaki sumpah rék maéhan manéhna; alo lalakina anu ngora ngadéngé, sarta prajurit-prajurit mindahkeun manéhna dina poék.

Pasal 23.

Paulus neuteup ka para anggota Majelis, saurna, “Dulur-dulur, nepi ka poe ieu hirup abdi di payuneun Rama urang teh salawasna kalawan ati nurani anu beresih.”

Imam Agung Ananias marentah ka jalma-jalma nu narangtung gigireun Paulus sina nampiling biwir Paulus.

Ku Paulus diwaler, “Rama urang anu bakal neunggeul anjeun, eh tembok nu dikapuran bodas! Anjeun diuk di dinya rek ngahukum abdi nurutkeun Hukum Toret, tapi anjeun sorangan ngarempak hukum ku marentah sina neunggeul abdi?”

Jalma-jalma nu narangtung di dinya ngaromong, “Wani-wani anjeun ngahina Imam Agung kagungan Rama urang?”

Waler Paulus, “Dulur-dulur, abdi teu terang yen anjeunna teh Imam Agung; sabab dina Kitab Suci aya tulisan, ‘Ulah nyarekan pamingpin bangsa maneh.’”

Paulus terang yen sabagian ti maranehna teh urang Saduki jeung sabagian deui urang Parisi, tuluy cumeluk di hareupeun Majelis, “Dulur-dulur, abdi teh urang Parisi, anak urang Parisi. Abdi dibawa ka pangadilan teh ku karana pangharepan jeung hal hudangna deui nu paraeh!”

Sanggeus Paulus ngomong kitu, timbul pacengkadan antara urang Parisi jeung urang Saduki, tuluy pakumpulan teh pabeulah-beulah. Sabab urang Saduki nyebutkeun yen nu paraeh moal harudang deui, jeung yen malaikat atawa roh teh teu aya; sabalikna urang Parisi mah percaya kana eta sakabehna. Tuluy aya gegeroan anu tarik. Sawatara ahli Kitab ti golongan urang Parisi narangtung bari ngabantah kalawan sengit, “Ieu jalma mah ku kami teu kapanggih aya salahna. Kumaha upama memang aya roh atawa malaikat anu nyarios ka manehna?” Barang pacengkadan teh beuki rosa, komandan sieun bisi Paulus dicabik-cabik ku maranehna, tuluy marentah ka para prajurit sina turun, ngarebut Paulus ti tengah-tengah maranehna, jeung mawa manehna ka jero markas.

Peutingna, Gusti Yesus ngadeg gigireun Paulus, saur-Na, “Sing wani! Sakumaha maneh geus jadi saksi ngeunaan Kami di Yerusalem, kitu deui maneh kudu jadi saksi di Rum.”

Rarancang Jahat Ngarah Nyawa Paulus

Barang geus beurang, urang Yahudi ngarencanakeun hiji rarancang jahat, tuluy sumpah moal dahar jeung moal nginum samemeh bisa maehan Paulus. Nu milu kana ieu rarancang teh leuwih ti opat puluh urang. Maranehna tuluy daratang ka para imam kapala jeung para kokolot, pokna, “Kami geus sumpah kalawan sumpah anu beurat moal ngasaan dahareun nanaon samemeh bisa maehan Paulus. Ku sabab eta ayeuna, Bapa-bapa saparakanca jeung Majelis, mugia menta ka komandan sangkan Paulus dibawa ka dieu, nya saolah-olah rek mariksa deui perkarana leuwih taliti. Ari kami mah geus sadia rek maehan manehna samemeh manehna nepi ka dieu.”

Tapi anak ti dulur awewe Paulus ngadenge yen aya panyegatan eta, tuluy manehna asup ka markas, terus ngabejaan Paulus. Paulus nyaur saurang perwira tuluy saurna, “Bawa ieu nonoman ka komandan, sabab aya nu rek dilaporkeun ku manehna.”

Perwira teh tuluy mawa nonoman teh ka komandan, pokna, “Paulus nu jadi tawanan teh nyaur abdi sarta menta supaya ieu nonoman dibawa ka Bapa; aya anu rek dipihaturkeun ka Bapa.”

Komandan nyekel leungeun nonoman teh, tuluy dibawa nyingkir ka tempat anu suni, terus nanya, “Aya naon anu rek dibejakeun ka kami?”

Jawabna, “Urang Yahudi geus sapukat rek menta ka Bapa sangkan isukan Paulus dibawa ka Majelis, pura-pura rek mariksa perkarana leuwih taliti. Tapi ulah diturut, sabab leuwih ti opat puluh urang ti antara maranehna keur ngadodoho manehna. Maranehna geus sumpah moal dahar jeung moal nginum samemeh bisa maehan Paulus, jeung ayeuna geus sadia, ngan kari ngadagoan panyatujuan ti Bapa.”

Komandan nitah nonoman teh balik, bari papatahna, “Ulah bebeja ka saha-saha yen maneh geus ngalaporkeun ieu ka kami.”

Rama Ngaraksa Saksi-Na

Tuluy komandan nyaur dua urang perwira, pokna, “Sadiakeun dua ratus prajurit pikeun indit ka Kaisarea, jeung tujuh puluh pasukan kuda, jeung dua ratus pasukan tumbak, samemeh pukul salapan peuting ieu.” Komandan oge marentah sina nyadiakeun tutumpakan pikeun Paulus, supaya manehna bisa dianteurkeun kalawan salamet ka Gupernur Feliks. Komandan oge nulis surat anu unina kieu:“”

“Ti Klaudius Lisias, ka anu mulya Gupernur Feliks: Wilujeng.

Ieu jalma ditewak ku urang Yahudi sarta rek dipaehan, tapi abdi sumping jeung pasukan tuluy nulungan manehna, sanggeus abdi terang yen manehna teh warga nagara Rum. Ku sabab abdi hayang terang naon tuduhan maranehna ka manehna, abdi mawa manehna ka Majelis maranehna. Kapanggih ku abdi yen manehna dituduh ngeunaan perkara-perkara Hukum maranehna, tapi euweuh tuduhan anu pantes dihukum paeh atawa dipanjara. Sanggeus abdi dibejaan yen aya rarancang jahat ngarah ieu jalma, harita keneh abdi ngirimkeun manehna ka Bapa, sarta marentah ka para nu nuduh sina ngemukakeun perkarana di payuneun Bapa.”

Nurutkeun parentah, para prajurit tuluy mawa Paulus, dianteurkeun peuting-peuting ka Antipatris. Poe isukna, pasukan kuda anu nganteurkeun Paulus ditugaskeun neruskeun lalampahan, ari prajurit nu lianna mah baralik deui ka markas. Sanggeus narepi ka Kaisarea, pasukan kuda teh masrahkeun surat ka gupernur, tuluy nyanggakeun Paulus ka anjeunna. Sanggeus maca eta surat, gupernur mariksa Paulus asal ti propinsi mana, tuluy terang yen manehna urang Kilikia, saurna, “Kami bakal ngadenge perkara maneh, ana jalma-jalma nu nuduh maneh geus daratang.” Tuluy anjeunna marentah sangkan Paulus dijaga di gedong karaton Herodes.