Dilipur ku Sumpingna Titus
Titus nepi ka Makedonia mawa beja, sarta kasieun Paulus leungit. Suratna anu nyeri parantos ngajantenkeun maranehna sedih, sarta anjeunna rada kaduhung ngirimkeunana, tapi kasedih eta ngabalikkeun maranehna. Kasedih anu dikersakeun ku Rama urang ngabalukarkeun tobat anu moal aya nu kaduhung. Anjeunna nyebutkeun terus terang yen anjeunna percaya deui ka maranehna.
7 1Ku sabab kitu, dulur-dulur anu dipikaasih, ku lantaran urang geus narampa jangji-jangji ieu, hayu urang nyucikeun diri tina sagala kokotor badan jeung roh, sarta nyampurnakeun kasucian bari sieun ku Rama urang.
2Buka hate aranjeun pikeun kami. Kami teu kungsi nyilakakeun saha-saha, teu kungsi ngaruksak saha-saha, teu kungsi meres saha-saha. 3Ieu ku sim kuring diucapkeun teh lain pikeun nyalahkeun aranjeun. Kawas nu geus diomongkeun bareto: aranjeun teh aya di jero hate kami, rek paeh atawa hirup babarengan. 4Sim kuring kacida percayana ka aranjeun, sarta kacida bangga ku aranjeun. Hate sim kuring pinuh ku panglipur, mani mudal ku kabungah di tengah sagala kasangsaraan kami.
5Sanajan kami geus nepi ka Makedoni, awak kami teu meunang reureuh — diganggu ti unggal juru, di luar aya pacogregan, di jero aya kasieun. 6Tapi Rama urang, anu ngalipur jalma anu keur sumedih, geus ngalipur kami ku jalan sumpingna Titus. 7Lain bae ku sumpingna, tapi oge ku panglipur anu katampi ku anjeunna ku karana aranjeun — anjeunna nyarioskeun ka kami hal sono aranjeun, kasedih aranjeun, jeung kasumangetan aranjeun ka sim kuring — nepi ka sim kuring beuki bungah.
8Sanajan surat sim kuring geus nyedihkeun aranjeun, sim kuring teu kaduhung — sanajan tadina mah sim kuring kaduhung keneh, sabab katara yen surat tea geus nyedihkeun aranjeun, sanajan ngan sakeudeung. 9Ayeuna sim kuring bungah — lain lantaran aranjeun nalangsa, tapi lantaran kanalangsaan aranjeun tea mawa kana tobat. Aranjeun nalangsa teh luyu jeung pangersa Rama urang, nepi ka aranjeun henteu rugi ku kami. 10Sabab kasedih anu luyu jeung pangersa Rama urang ngahasilkeun tobat anu mawa kana kasalametan, anu moal matak kaduhung; sabalikna kasedih anu asalna ti dunya mah ngahasilkeun maot. 11Tengetan naon anu dihasilkeun ku kasedih anu luyu jeung pangersa Rama urang tea di aranjeun: kaguguh, kahayang pikeun ngabersihkeun diri, ambek, sieun, sono, sumanget, jeung kasadiaan pikeun ngalakonan kaadilan! Dina sagala perkara aranjeun geus ngabuktikeun yen aranjeun teu salah dina perkara ieu. 12Jadi sanajan sim kuring geus nyurat ka aranjeun, eta teh lain pikeun kapentingan jalma anu salah, lain oge pikeun jalma anu disalahan, tapi supaya katembong ku aranjeun sorangan di payuneun Rama urang sakumaha iklasna hate aranjeun ka kami. 13Ku sabab kitu kami jadi dilipur. Tur lain bae ku panglipur pikeun kami, tapi kami beuki bungah ku kabungahan Titus, sabab manah anjeunna geus disegerkeun ku aranjeun kabeh. 14Naon-naon anu dibanggakeun ku sim kuring ka anjeunna ngeunaan aranjeun, henteu matak era ka sim kuring. Sakumaha sagala hal anu diomongkeun ku kami ka aranjeun teh enya, kitu deui kabanggaan kami di payuneun Titus oge kabukti enya. 15Katresna manah anjeunna ka aranjeun beuki gede, mun inget kana kumaha aranjeun kabeh anu narurut tea, bari narima anjeunna kalawan sieun jeung ngadegdeg. 16Sim kuring bungah, sabab dina sagala perkara sim kuring estu percaya ka aranjeun.