Sagemblengna Haté Hiji Randa
Hiji randa ngasupkeun dua duit sarta disebut geus méré leuwih ti batur kabéh. Bari ngagumkeun batu-batu Bait Allah, Yesus nyebutkeun yén teu aya anu bakal tetep nangtung, sarta ngagambarkeun perang, panangkepan, dihianat ku kulawarga, jeung Yerusalem dikepung, nitah pengikut-pengikut-Na nangtung tegak jeung tetep nyaring.
21 1Barang tanggah, Yésus ningali jalma-jalma beunghar keur ngasupkeun pangbaktina kana peti derma di Bait Allah. 2Anjeunna ogé ningali hiji randa miskin keur ngasupkeun dua keping duit tambaga nu laleutik.
3“Saéstuna Kami ngabéjaan ka maraneh,” saur-Na, “ieu randa miskin téh ngasupkeun leuwih loba ti batan nu séjén kabéh. 4Sabab nu séjén mah méré pangbakti tina kaleuwihanana, tapi manéhna mah tina kamalaratanana geus méré sagala pangabogana paragi hirup.”
Bait Allah Bakal Ruruntuh
5Waktu aya nu keur ngaromongkeun Bait Allah, nu dihias ku batu-batu nu aralus jeung ku pangbakti nu geus dibaktikeun ka Rama urang, Anjeunna ngalahir:
6“Hal nu keur ditaréngétan ku maraneh ieu, bakal datang mangsana euweuh hiji ogé batu nu bakal tetep numpang di luhureun batu séjén—kabéh bakal diruntuhkeun.”
7“Nun Guru,” ceuk maranéhna naranya, “iraha pisan ieu sadayana bakal kajadian, sareng naon tandana nu nuduhkeun yén ieu sadayana téh geus rék kajadian?”
8“Sing ati-ati, ulah nepi ka katipu,” saur-Na. “Loba nu bakal datang mawa jenengan Kami, nyarita, ‘Kami ieu jelemana,’ jeung, ‘Mangsana geus deukeut.’ Ulah dituturkeun. 9Ana maraneh ngadéngé béja ngeunaan perang jeung barontak, ulah geruh. Éta kabéh kudu kajadian heula, tapi ahir jaman mah moal harita kénéh datangna.”
10Tuluy saur-Na deui ka maranéhna, “Bangsa bakal ngalawan bangsa, jeung karajaan ngalawan karajaan. 11Bakal aya lini-lini gedé, katut paceklik jeung pagebug di sababaraha tempat, sarta kajadian-kajadian nu pikasieuneun jeung tanda-tanda nu aragung ti langit. 12Tapi saméméh éta kabéh, maraneh bakal ditéwak jeung dikaniaya, diserenkeun ka imah-imah ibadah jeung ka panjara, digusur ka hareupeun raja-raja jeung para gupernur ku karana jenengan Kami. 13Éta téh bakal jadi kasempetan pikeun maraneh ngemban kasaksian. 14Ku sabab éta, sing mantep dina haté maraneh pikeun teu nyadiakeun pangbélaan ti anggalna, 15sabab Kami bakal méré maraneh kekecapan jeung hikmah nu moal bisa dilawan atawa dibantah ku musuh saurang ogé. 16Maraneh bakal dihianat, malah ku kolot jeung dulur-dulur katut baraya jeung sobat, sarta sawaréh ti maraneh bakal dipaéhan ku maranéhna. 17Maraneh bakal dipikaceuceub ku saréréa ku karana jenengan Kami. 18Tapi salambar ogé buuk dina sirah maraneh moal aya nu leungit. 19Ku jalan tabah, maraneh bakal nyalametkeun nyawa sorangan.”
20“Ana maraneh nénjo Yérusalém geus dikepung ku balad-balad, geuwat sing nyaho yén mangsa karuksakanana geus deukeut. 21Harita, sing ngarabur nu araya di Yudéa téh ka pagunungan, sing ninggalkeun kota nu araya di jerona, sarta nu araya di padésaan ulah arasup ka kota, 22sabab éta téh poé-poé pangadilan, waktu sagala nu geus dituliskeun bakal laksana. 23Cilaka pisan awéwé nu keur kakandungan jeung indung-indung nu keur nyusuan dina poé-poé éta! Sabab bakal aya kasangsaraan nu kacida gedéna nibankeun ka ieu tanah, jeung bebendu ka ieu bangsa. 24Maranéhna bakal paéh ku seukeutna pedang jeung bakal digiring jadi tawanan ka sakabéh bangsa. Yérusalém bakal ditincak-tincak ku bangsa-bangsa nepi ka ganep mangsana éta bangsa-bangsa.”
25“Bakal aya tanda-tanda dina panonpoé, bulan, jeung béntang-béntang, sarta di bumi bangsa-bangsa bakal ngarasa bingung jeung sangsara, lantaran ku ngagaurna jeung ngagulidagna laut. 26Jalma-jalma bakal kapiuhan ku sieun, bati salempang ngadagoan nu bakal tumiba ka ieu dunya, sabab kakawasaan-kakawasaan di langit bakal dioyagkeun. 27Tuluy maranéhna bakal nénjo Putra Manusa sumping dina méga kalawan kakawasaan jeung kamulyaan nu kacida agungna. 28Ana éta kabéh mimiti kajadian, geura nangtung jengjen jeung tanggah sirah maraneh, sabab panebusan pikeun maraneh geus deukeut.”
29Tuluy Anjeunna nyarioskeun hiji misil ka maranéhna, “Tengetan tangkal kondang jeung sakabéh tatangkalan. 30Ari geus marucuk daunna, maraneh bisa nénjo sorangan jeung nyaho yén usum panas geus deukeut. 31Nya kitu deui, ana maraneh nénjo éta kabéh kajadian, sing nyaho yén Karajaan Rama urang geus deukeut. 32Saéstuna Kami ngabéjaan ka maraneh, ieu angkatan moal tumpur saméméh éta kabéh kajadian. 33Langit jeung bumi bakal musna, tapi kekecapan Kami mah moal rék musna salilana.”
34“Masing waspada ka diri maraneh sorangan, bisi haté maraneh beurat ku hirup foya-foya, mabok, jeung kasusah-kasusah hirup, nepi ka éta poé téh ujug-ujug datang ka maraneh ngadadak, lir jiret. 35Sabab éta téh bakal tumiba ka saban jalma nu hirup di sakuliah beungeut bumi. 36Masing tetep waspada unggal waktu, bari neneda sangkan dibéré kakuatan pikeun bisa luput tina sagala nu bakal kajadian, jeung sangkan bisa nangtung di payuneun Putra Manusa.”
37Beurang Anjeunna ngawulang di Bait Allah; ari peuting Anjeunna angkat ka luar sarta nganjrek di Gunung Jaitun. 38Isuk-isuk kénéh jalma réa geus daratang ka Anjeunna di Bait Allah pikeun ngadangukeun piwulang-Na.