Ester Ngadeuheusan Tahta Raja
Éster maké anggoan karajaan sarta nangtung di palataran jero tanpa disaur; tongkat karajaan emas diacungkeun, sarta manéhna ditawaran satengah karajaan. Manéhna ngan ménta pésta, tuluy pésta kadua. Haman indit kalawan bungah, ambek ku Mordekai, sarta nyieun tihang gantungan.
5 1Dina poe katilu, Ester nganggo anggoan karajaan tuluy ngadeg di buruan jero karaton, mayun ka gedong raja. Raja keur linggih dina tahta karajaan di jero gedong, mayun ka lawang karaton. 2Waktu raja ningali Ratu Ester keur ngadeg di buruan, Ester kamanah ku raja, tuluy raja ngacungkeun teteken emas anu dicepengna. Ester nyampeurkeun terus nyabak congona.
3Raja mariksa, “Aya naon, Ratu Ester? Naon pamundut anjeun? Sok sanajan satengah karajaan, tangtu dipaparinkeun ka anjeun.”
4Piunjuk Ester, “Upami raja kersa, mugi dinten ieu raja sareng Haman sumping kana jamuan anu parantos disayagikeun ku abdi.”
5Saur raja, “Geuwat panggil Haman, sangkan bisa dilaksanakeun pamundut Ester.” Tuluy raja sareng Haman sumping kana jamuan anu disayagikeun ku Ester.
6Waktu nginum anggur, raja mariksa, “Naon pangabutuh anjeun, Ester? Tangtu dicumponan. Sarta naon pamundut anjeun? Sok sanajan satengah karajaan, pasti jadi kagungan anjeun.”
7Piunjuk Ester, “Pangabutuh sareng pamundut abdi teh kieu: 8Upami abdi kamanah ku raja, sareng upami raja kersa ngabulkeun pangabutuh sareng nyumponan pamundut abdi, mugi raja sareng Haman sumping kana jamuan anu bakal disayagikeun ku abdi kanggo aranjeunna. Enjing abdi bakal nedunan saur raja.”
Amarah Haman Tumiba ka Mordekai
9Poe eta Haman indit kalawan atoh jeung bungah. Tapi barang nenjo Mordekai di lawang karaton teu nangtung jeung teu ngeper hareupeunana, Haman kacida ambekna ka Mordekai. 10Sanajan kitu, Haman nahan amarahna tuluy balik ka imah. Manehna nitah ngajakan babaturanana jeung Zeres pamajikanana, 11Haman nyaritakeun kaagungan kabeungharanana, loba anakna, jeung kumaha raja geus ngajenan sarta ngangkat manehna leuwih luhur ti para pajabat jeung gandek raja.
12Ceuk Haman deui, “Lain ngan sakitu. Ratu Ester ngulem ngan kuring hungkul jeung raja kana jamuanana, jeung isukan kuring diulem deui babarengan jeung raja. 13Tapi kabeh ieu teh taya gunana pikeun kuring saban nenjo Mordekai urang Yahudi diuk di lawang karaton.”
14Zeres pamajikanana jeung sakabeh babaturanana nyarita, “Sina nyieun tihang anu luhurna tujuh puluh lima suku. Isuk-isuk, menta ka raja sangkan Mordekai digantung dina eta tihang. Geus kitu indit jeung raja kana jamuan bari suka bungah.” Haman resepeun kana eta pikiran tuluy nyieun eta tihang.