Pelacur Agung Diebrehkeun
Hiji malaikat nuduhkeun ka Yohanes saurang awéwé nu make pakéan wungu, mabok ku getih para saksi Yesus, tumpak kana sato galak nu beureum euceuy. Yohanes kagét; malaikat ngajelaskeun hulu-hulu jeung tanduk-tandukna. Ahirna sato galak jeung raja-rajana malik ngalawan éta awéwé sarta ngaduruk manéhna, ngalaksanakeun maksud Rama urang.
17 1Aya hiji ti antara tujuh malaikat anu marawa tujuh pinggan tea nyampeurkeun ka sim kuring, tuluy nyarios, “Hayu, ku Kami rek ditembongkeun hukuman ka eta pelacur agung anu diuk di luhureun loba cai. 2Raja-raja di bumi geus ngalampahkeun dosa jinah jeung manehna, sarta jalma-jalma di bumi geus marabok ku anggur dosana.” 3Sim kuring tuluy dibakta ku Roh ka hiji gurun keusik. Di dinya sim kuring nenjo hiji awewe diuk dina sato galak anu warnana beureum ngeplak, pinuh ku ngaran-ngaran anu ngahina Allah, sirahna tujuh jeung tandukna sapuluh. 4Eta awewe nganggo pakean warna wungu jeung beureum, rinaruas ku emas, ku batu-batu permata, jeung ku mutiara, dina leungeunna nyekel cangkir emas anu pinuh ku rupa-rupa barang pikagirukeun jeung kokotor tina dosa jinahna. 5Dina tarangna aya tulisan hiji ngaran, hiji rasiah, “Babul agung, indung sakabeh pelacur jeung sagala pikagirukeun di bumi.”
6Sim kuring nenjo eta awewe mabok ku getih para suci, nya eta getih saksi-saksi Yesus. Barang nenjo manehna, sim kuring kacida hookeunana.
7Malaikat tea tuluy mariksa, “Ku naon maneh hook? Ku Kami rek dijelaskeun rasiah eta awewe jeung sato galak anu mawa manehna, nya eta anu sirahna tujuh jeung tandukna sapuluh. 8Sato galak anu ku maneh katenjo tea, bareto aya, ayeuna euweuh, tapi engke bakal nyacat ti jero jurang anu teu aya dasarna, tuluy nuju kana karuksakanana. Jalma-jalma anu maridang di bumi anu ngaranna henteu katulis dina kitab kahirupan ti barang dunya dijadikeun, bakal hookeun nenjo eta sato galak, sabab bareto aya, ayeuna euweuh, tapi bakal datang deui.
9Ieu merlukeun akal anu wijaksana: tujuh sirah tea nya eta tujuh gunung tempat eta awewe diuk, sarta eta oge tujuh raja. 10Lima geus tumbang, nu hiji keur aya, sarta nu sejenna acan datang; mun geus datang, manehna ngan sakeudeung bae bisana cicing. 11Ari sato galak anu bareto aya tapi ayeuna euweuh tea, nya eta anu kadalapan, sanajan kaasup ti antara nu tujuh, sarta nuju kana karuksakan. 12Sapuluh tanduk anu ku maneh katenjo tea nya eta sapuluh raja anu acan narampa karajaan, tapi bakal narampa kakawasaan saperti raja-raja sajam lilana babarengan jeung sato galak tea. 13Maranehna sapamanah, sarta nyerenkeun kakuatan jeung kakawasaanana ka sato galak tea.
14Maranehna bakal merangan Anak Domba, tapi Anak Domba bakal ngelehkeun maranehna, sabab Anjeunna teh Gustina para gusti jeung Rajana para raja, sarta jalma-jalma anu marengan Anjeunna teh anu disalaur, anu kapilih, jeung anu satia.” 15Malaikat tea nyarios ka sim kuring, “Cai anu ku maneh katenjo, tempat eta pelacur diuk tea, nya eta bangsa-bangsa, jalma rea, nagara-nagara, jeung rupa-rupa basa. 16Sapuluh tanduk anu ku maneh katenjo tea, jeung eta sato galak, bakal ngaijid ka eta pelacur. Manehna bakal ditinggalkeun suwung tur taranjang, dagingna bakal didahar, sarta awakna bakal diduruk ku seuneu. 17Sabab Rama urang geus nyelapkeun kana hate maranehna sangkan ngalaksanakeun pamaksadana-Na, ngahiji dina sapamanah, sarta nyerenkeun karajaanana ka sato galak tea, nepi ka sagala pangandika Rama urang laksana. a a v17 Sanajan raja-raja anu barontak anu ngawula ka sato galak, maranehna tetep ngalaksanakeun pamaksadan Rama urang. Mantenna anu nungtun sajarah nuju kana kaunggulan Anak Domba. 18Eta awewe anu ku maneh katenjo tea nya eta kota agung anu ngawasaan raja-raja di bumi.”