Rama Ngabaharukeun Umat-Na di Gilgal
Saacan aya perang, eureun heula. Hiji turunan anyar disunatan sarta ditinggalkeun di pasanggrahan nepi ka cageur, Paska diayakeun, sarta manna eureun dina poe maranehna ngadahar hasil tanah eta sorangan. Tuluy hiji lalaki nyekel pedang anu dihunus ngabejaan Yosua yen manehna panglima balad Rama urang.
5 1Waktu sakabeh raja urang Amori di beulah kulon Walungan Yordan jeung sakabeh raja urang Kanaan di sapanjang basisir laut ngadarenge yen Rama urang parantos ngagaringkeun cai Walungan Yordan di hareupeun urang Israil nepi ka maranehna meuntas, haténa jadi leumpeuh sarta teu aya deui sumanget dina jeroeunana ku sabab urang Israil.
2Harita Rama urang ngandika ka Yosua, “Jieun ku maneh péso-péso tina batu, tuluy sunatan deui urang Israil, pikeun kadua kalina.”
3Yosua tuluy nyieun péso-péso tina batu, tuluy nyunatan putra-putra Israil di Gibeat-Haaralot, Pasir Kulup. 4Ieu sababna Yosua nyunatan maranehna: sakabeh jalma anu kaluar ti Mesir, nya eta jelema-jelema lalaki, sakabeh prajurit, geus maraot di gurun keusik di tengah jalan sanggeus kaluar ti Mesir. 5Sakabeh anu kaluar geus disunatan, tapi anu dilahirkeun di gurun keusik di tengah jalan basa kaluar ti Mesir mah acan. 6Urang Israil leumpang opat puluh taun di gurun keusik nepi ka sakabeh bangsa teh, nya eta para prajurit anu kaluar ti Mesir, maraot kabeh, lantaran maranehna henteu narurut kana timbalan Rama urang. Ka maranehna Rama urang geus jangji disumpah yen moal diidinan nenjo tanah anu disumpahkeun ku Mantenna ka karuhun maranehna rék dipaparinkeun ka urang, hiji tanah anu ngaburial cisusu jeung madu. 7Mantenna ngajungjung anak-anak maranehna pikeun ngaganti, sarta ku Yosua disunatan, sabab maranehna acan disunatan, teu kungsi disunatan di tengah jalan. 8Sanggeus sunatan sakumna bangsa teh réngsé, maranehna caricing di pakemahan nepi ka cageur.
9Geus kitu Rama urang ngandika ka Yosua, “Poé ieu kaéra maraneh ti Mesir ku Kami geus digulingkeun ti maneh.” Nya ku sabab eta éta tempat teh disebut Gilgal nepi ka kiwari.
10Urang Israil anu masanggrahan di Gilgal ngayakeun Paska dina tanggal opat belas éta bulan, waktu sore, di tanah datar Yériko. 11Poé sanggeus Paska, dina poé éta pisan, maranehna ngadahar hasil tanah eta: roti anu teu make ragi jeung gandum beunang meuleum. 12Mana eureun dina poé sanggeus maranehna ngadahar hasil tanah eta. Urang Israil geus euweuh deui mana; dina taun eta maranehna ngadahar hasil panén tanah Kanaan.
Panglima Balad Rama
13Deukeut Yériko, Yosua tanggah tuluy nenjo aya hiji lalaki nangtung di hareupeunana, mawa pedang anu geus dicabut dina leungeunna. Yosua ngadeukeutan tuluy nanya, “Anjeun teh di pihak kami atawa di pihak musuh kami?”
14Waler éta lalaki, “Sanés. Kami ayeuna datang minangka panglima balad Rama urang.” Yosua tuluy ngarumsay nyuuh kana taneuh bari sumujud, pok unjukan, “Naon anu bade dipiwarang ku juragan ka abdi, gandek juragan?”
15Panglima balad Rama urang ngalahir ka Yosua, “Laan tarumpah tina suku maneh, sabab tempat anu dipijleng ku maneh teh suci.” Yosua tuluy ngalampahkeun kitu.