Bildad Nyarios Deui
Pidato panungtung Bildad ngan genep ayat sarta eusina ngan jarak: kakawasaan kagungan Allah, bulan jeung béntang ogé teu suci dina paningal Mantenna, jadi naon atuh manusa? Hileud, cacing. Dalil sobat-sobat geus béak kecap.
25 1Tuluy Bildad urang Suah ngawaler: 2“Kakawasaan sareng kagimiran teh kagungan Mantenna; Mantenna ngadamel karapihan di tempat-Na nu luhung. 3Naha aya nu bisa ngitung bala tentara-Na? Naha cahaya-Na henteu nyaangan ka sarerea? 4Upama kitu, kumaha manusa bisa bener di payuneun Allah? Kumaha jalma anu dilahirkeun ku awewe bisa suci? 5Tuh, bulan oge henteu caang, jeung bentang-bentang oge henteu suci dina paningal Mantenna; 6komo deui manusa, anu ngan ukur bilatung, jeung anak manusa, anu ngan ukur cacing!”