Gulungan Kitab nu Amis Kawas Madu
Manéhna ngadahar gulungan éta sarta rasana amis lir madu, tuluy dibawa ka urang buangan di Tel-Abib, di dinya manéhna diuk bengong di antara maranéhna tujuh poé. Rama urang ngajadikeun manéhna jaga, anu tanggung jawab pikeun ngingetan, tuluy ngabeungkeut létahna sangkan manéhna ngan nyarita lamun dibéré kecap.
3 1Saur Mantenna ka abdi, “Eh anak manusa, dahar naon nu kapanggih ku maneh. Dahar ieu gulungan kitab, tuluy indit nepikeun ka urang Israil.”
2Tuluy abdi mukakeun baham, tuluy ieu gulungan kitab teh dipaparinkeun ku Mantenna pikeun didahar.
3Saur Mantenna ka abdi, “Eh anak manusa, eusian beuteung maneh jeung pinuhan jeroeun beuteung maneh ku ieu gulungan kitab nu dipaparinkeun ku Kami ka maneh.” Tuluy ku abdi didahar, jeung karasana dina baham amis kawas madu.
4Geus kitu Mantenna ngandika deui ka abdi, “Eh anak manusa, indit ka urang Israil tuluy nepikeun pangandika Kami ka maranehna.
5“Sabab maneh teh henteu diutus ka hiji bangsa anu pokpokanana aneh sarta basana hese, tapi ka urang Israil, 6lain ka loba bangsa anu pokpokanana aneh sarta basana hese, nu omonganana moal kaharti ku maneh. Saenyana, lamun maneh diutus ku Kami ka maranehna, tangtu maranehna daraek ngadengekeun maneh. 7Tapi urang Israil moal daraek ngadengekeun maneh, sabab maranehna henteu daraek ngadengekeun Kami; sabab sakabeh urang Israil teh teuas sirah tur wangkelang hatena. 8Tenjo, beungeut maneh ku Kami dijieun teuas kawas beungeut maranehna, tarang maneh teuas kawas tarang maranehna. 9Tarang maneh ku Kami dijieun kawas batu nu pangteuasna, leuwih teuas batan batu api. Ulah sieun ku maranehna, jeung ulah ngarasa leutik hate ku paroman maranehna, sabab maranehna teh bangsa anu baha.”
10Saur Mantenna ka abdi, “Eh anak manusa, sakabeh pangandika Kami anu diucapkeun ka maneh teh asupkeun kana hate maneh sarta dengekeun ku ceuli maneh. 11Indit ka jalma-jalma buangan, nya eta bangsa maneh sorangan, tuluy nepikeun ka maranehna. Omongkeun ka maranehna, ‘Kieu dawuhan Rama Nu Maha Kawasa,’ boh maranehna daraek ngadengekeun boh henteu.”
12Geus kitu abdi diangkat ku Roh Rama urang, tuluy ti pengker abdi kadangu aya sora anu ngaguruh tarik: “Mugia dipuji kamulyaan Rama urang ti tempat linggih-Na!” 13nya eta sora jangjang mahluk-mahluk hirup anu silih gesek, jeung sora roda-roda nu aya di gigireunana, hiji sora anu ngaguruh tarik pisan. 14Roh tea ngangkat abdi tuluy mawa abdi, abdi indit bari hate peurih, jiwa abdi ngagedur di jero diri, panangan Rama urang karasa rongkah kana diri abdi. 15Abdi nepi ka jalma-jalma buangan di Tel-abib sisi walungan Kebar, tuluy abdi diuk di tengah-tengah maranehna, bari ngungun, tujuh poe lilana.
Rama Ngangkat Panjaga
16Sanggeus tujuh poe, pangandika Rama urang sumping ka abdi, dawuhana-Na:
17“Eh anak manusa, maneh ku Kami dijieun panjaga pikeun urang Israil. Lamun maneh ngadenge hiji pangandika tina baham Kami, elingan maranehna ti Kami. 18Lamun Kami ngandika ka jalma jahat, ‘Maneh tangtu paeh,’ tuluy maneh henteu ngelingan manehna atawa henteu ngomong pikeun ngelingan jalma jahat tina jalanna anu jahat supaya salamet nyawana, jalma jahat tea bakal paeh dumeh dosana, tapi Kami bakal menta tanggung jawab getihna ka maneh.
19“Tapi lamun maneh geus ngelingan jalma jahat tea, sarta manehna henteu eureun tina kajahatanana atawa tina jalanna anu jahat, manehna bakal paeh dumeh dosana, tapi maneh geus nyalametkeun nyawa sorangan.
20“Kitu deui, lamun hiji jalma bener ninggalkeun kabeneranana tuluy migawe kajahatan, jeung Kami nunda batu sandungan di hareupeunana, manehna bakal paeh. Dumeh maneh henteu ngelingan manehna, manehna bakal paeh dumeh dosana, sarta kahadean-kahadeanana anu bener bakal kapopohokeun, jeung Kami bakal menta tanggung jawab getihna ka maneh. 21Tapi lamun maneh ngelingan jalma bener tea supaya ulah milampah dosa, sarta manehna henteu milampah dosa, manehna bakal hirup sabab geus narima pepeling tea, jeung maneh geus nyalametkeun nyawa sorangan.”
22Di dinya panangan Rama urang aya kana diri abdi, tuluy Mantenna ngandika ka abdi, “Geura hudang, kaluar ka lebak, di dinya Kami rek ngandika ka maneh.”
23Tuluy abdi hudang sarta indit ka lebak, breh di dinya ngadeg kamulyaan Rama urang, sarua jeung kamulyaan anu katingal ku abdi di sisi walungan Kebar, tuluy abdi nyuuh kana taneuh.
24Roh tea lebet ka jero diri abdi, nangtungkeun abdi, ngandika ka abdi, saurna, “Jig geura asup, konci maneh di jero imah maneh. 25Jeung maneh, eh anak manusa, maranehna bakal ngabarogod maneh ku tali-tali sarta nalian maneh, nepi ka maneh teu bisa kaluar ka tengah-tengah jalma rea.
26Letah maneh ku Kami rek dijieun napel kana lalangit baham maneh; maneh bakal pireu, teu bisa nyarekan maranehna, sabab maranehna teh bangsa anu baha. 27Tapi dina waktu Kami ngandika ka maneh, baham maneh ku Kami rek dibukakeun, tuluy maneh bakal ngomong ka maranehna, ‘Kieu dawuhan Rama Nu Maha Kawasa.’ Sing saha anu daek ngadengekeun, sina ngadengekeun; jeung sing saha anu embung, sina embung—sabab maranehna teh bangsa anu baha.”