Putra Rama Nyanghareupan Si Panggoda
Lapar sanggeus opat puluh poé, Yesus ngajawab nu ngagoda tilu kali tina pangandika Rama-Na, lain ku ngabuktikeun nanaon. Sanggeus éta Mantenna matuh di Kapernaum, nyauran pamayang nu harita kénéh ninggalkeun jalana, sarta balaréa daratang ti unggal juru mawa saréréa nu teu bisa dicageurkeun ku nu séjén.
4 1Tuluy Yesus dicandak ku Roh Suci ka gurun keusik, pikeun digoda ku Iblis. 2Sanggeus puasa opat puluh poe opat puluh peuting, Anjeunna lapar. 3Si Panggoda datang, tuluy ngomong, “Upama Anjeun Putra Allah, cik parentah ieu batu-batu sina jadi roti.”
4Tapi diwaler ku Anjeunna, “Aya tulisan kieu: ‘Manusa hirup teh lain ngan ku roti wungkul, tapi ku unggal pangandika anu kaluar tina baham Rama urang.’”
5Tuluy Yesus dicandak ku Iblis ka kota suci, terus ditangtungkeun di tempat pangluhurna Bait Allah, 6tuluy ngomong ka Anjeunna, “Upama Anjeun Putra Allah, geura ngajleng ka handap, sabab ceuk Kitab Suci: ‘Mantenna bakal marentahkeun malaikat-malaikat-Na ngeunaan Anjeun, sarta maranehna bakal narangkeup Anjeun ku leungeunna, supaya suku Anjeun ulah titajong kana batu.’”
7Waler Yesus, “Aya deui tulisan: ‘Maneh ulah ngadoja ka Rama maneh.’”
8Tuluy Yesus dicandak deui ku Iblis ka hiji gunung anu kacida luhurna, terus ditembongan sakabeh karajaan di dunya katut kamulyaanana. 9Pok ngomong ka Anjeunna, “Ieu kabeh rek dibikeun ka Anjeun ku kuring, asal Anjeun sujud nyembah ka kuring.”
10Tuluy saur Yesus, “Nyingkah ti dieu, Setan! Sabab ceuk Kitab Suci: ‘Kudu nyembah ka Rama maneh, sarta ngabakti ngan ka Mantenna.’”
11Tuluy Iblis ninggalkeun Anjeunna, breh aya malaikat-malaikat daratang ngalalayanan Anjeunna.
Cahaya Moncorong di Galilea
12Barang Anjeunna ngadangu yen Yahya geus ditangkep, Anjeunna angkat ka Galilea. 13Anjeunna ninggalkeun Nasaret, tuluy matuh di Kapernaum, di sisi talaga, di wewengkon Sebulon jeung Naptali, 14supaya laksana ucapan Nabi Yesaya anu ungelna kieu: 15“Tanah Sebulon jeung tanah Naptali, jalan ka laut, peuntaseun Walungan Yordan, Galilea nagri bangsa-bangsa sejen, 16jalma-jalma anu hirup di nu poek geus narenjo cahaya nu caang, sarta pikeun anu harirup di nagri kalangkang pati, geus moncorong cahaya ka maranehna.”
17Ti harita Yesus ngawitan ngawawar, saur-Na, “Kudu tarobat, sabab Karajaan Rama urang geus deukeut.”
Yesus Nyaur Murid-murid-Na nu Munggaran
18Waktu angkat di sisi Talaga Galilea, Anjeunna ningali dua jalma anu duduluran, nya eta Simon anu katelah Petrus jeung Andreas dulurna, keur ngawuran jala ka talaga — maranehna teh tukang ngala lauk.
19Saur Anjeunna ka maranehna, “Hiap tuturkeun Kami, maraneh ku Kami rek dijadikeun tukang ngala jelema.”
20Harita keneh maranehna ninggalkeun jalana, tuluy naluturkeun Anjeunna. 21Anjeunna neruskeun angkat, tuluy ningali deui dua jalma anu duduluran — Yakobus anak Sebedeus jeung Yahya dulurna — keur di jero parahu jeung Sebedeus bapana, keur nyageuan jala, tuluy ku Anjeunna disaur. 22Harita keneh maranehna ninggalkeun parahu jeung bapana, tuluy naluturkeun Anjeunna.
Rama Nyageurkeun ku Jalan Putra-Na
23Anjeunna ngider ka sakuliah Galilea, ngawulang di imah-imah ibadah maranehna, ngawawarkeun Injil Karajaan, sarta nyageurkeun sagala rupa panyakit jeung kasakit anu aya di kalangan rahayat. 24Wartos ngeunaan Anjeunna sumebar ka sakuliah Siria. Jalma-jalma marawa ka Anjeunna sakur anu garering — anu katarajang rupa-rupa panyakit jeung kanyeri, anu kasurupan setan, anu sawanan, jeung anu lumpuh — tuluy kabeh ku Anjeunna dicageurkeun. 25Jalma rea pisan naluturkeun Anjeunna, ti Galilea, ti Dekapolis, ti Yerusalem, ti Yudea, jeung ti peuntaseun Walungan Yordan. a a v25 Dekapolis teh gugusan sapuluh kota anu lolobana dicicingan ku bangsa sejen, perenahna di beulah wetan jeung kidul-wetaneun Talaga Galilea.