Panangan Rama urang Ngalawan Urang Pelisti
Urang Filistin nempatkeun peti Rama urang anu dirampas di gigireun Dagon, tur dua kali manggihan déwana ngagubrag nangkuban, nu kadua kalina sirah jeung leungeunna paturay dina lawang panto. Bisul jeung kagegeroan nuturkeun éta peti ti Asdod ka Gat ka Ekron, nepi ka unggal kota ngarenghik hayang peti éta dijauhkeun.
5 1Urang Pelisti geus ngarebut Peti Perjangjian Rama urang, tuluy dibawa ti Eben-haeser ka Asdod. 2Urang Pelisti nyokot Peti Perjangjian Rama urang, tuluy dibawa ka jero kuil Dagon, sarta diteundeun gigireun Dagon. 3Isukna, waktu urang Asdod harudang isuk-isuk, Dagon geus ngajoprak nangkuban dina taneuh di hareupeun Peti Perjangjian Rama urang. Tuluy Dagon dicokot, diadegkeun deui di tempatna. 4Poe isukna deui, waktu maranehna harudang isuk-isuk, Dagon geus ngajoprak deui nangkuban dina taneuh di hareupeun Peti Perjangjian Rama urang. Ayeuna mah sirahna jeung kadua leungeunna potong ngagolepak dina bangbarung lawang; ngan awakna anu nyesa. 5Ku sabab eta nepi ka kiwari para imam Dagon jeung sakur jalma anu asup ka kuil Dagon di Asdod teu ngaidek kana bangbarung lawang Dagon. 6Panangan Rama urang neken beurat ka urang Asdod. Mantenna ngabinasa maranehna sarta nyiksa ku bisul—Asdod jeung sakuliah wewengkonna. 7Barang urang Asdod narenjo kitu, maranehna ngaromong, “Peti Perjangjian Allahna Israil ulah tetep di urang; panangan-Na beurat pisan ka urang jeung ka Dagon allah urang.” 8Tuluy maranehna ngumpulkeun sakabeh pamingpin urang Pelisti, terus nanya, “Kumaha urang kudu milampah kana Peti Perjangjian Allahna Israil?” Tembalna, “Pindahkeun Peti Perjangjian Allahna Israil ka Gat.” Tuluy Peti Perjangjian Allahna Israil dipindahkeun ka dinya.
9Sanggeus dipindahkeun, panangan Rama urang oge nerpa ka eta kota, nimbulkeun geunjleung anu kacida gedena. Mantenna nyiksa pangeusina, boh nu ngora boh nu kolot, nepi ka bisul meunyahan dina awakna. 10Ku sabab eta Peti Perjangjian Rama urang dikirim ka Ekron. Tapi barang datang, urang Ekron tingjarerit, “Maranehna geus mawa Peti Perjangjian Allahna Israil ka urang pikeun maehan urang jeung rahayat urang!”
11Ku sabab eta maranehna ngumpulkeun sakabeh pamingpin urang Pelisti, terus ngaromong, “Jauhkeun Peti Perjangjian Allahna Israil; sina balik deui ka tempatna, supaya ulah maehan urang jeung rahayat urang.” Geunjleung anu matak maot geus nyangkaruk di sakuliah kota; panangan Rama urang beurat pisan di dinya. 12Jalma-jalma anu teu maot kakeunaan bisul, sarta jerit panyambat tulung ti eta kota naek ka langit.