Ama, Raja Abdi
Jabur pamuji. Karangan Daud.
Pamuji Daud anu disusun nurutkeun abjad, anu beuki lega waé: hiji turunan nyaritakeun padamelan-padamelan Rama-Na ka turunan saterusna, unggal mahluk dibéré dahar nalika Mantenna muka panangan-Na, sarta unggal jalma anu ragrag dirojong. Welas asih-Na disebutkeun nyumponan sagala anu ku Mantenna dijadikeun.
145 1Abdi seja ngagungkeun Ama, nun Ama, Raja abdi, sareng abdi seja muji jenengan Ama salalanggengna.
2Unggal dinten abdi seja muji ka Ama, sareng abdi seja ngamulyakeun jenengan Ama salalanggengna. 3Agung Rama urang, sarta kacida pantesna dipuji; kaagungana-Na taya nu bisa ngukur.
4Hiji turunan bakal muji padamelan Ama ka turunan saterasna, sarta bakal ngembarkeun pagawean Ama anu rohaka. 5Abdi seja ngalenyepan kaagungan Ama anu mulya tur endah, sareng padamelan Ama anu ajaib. 6Maranehna bakal nyaritakeun kakawasaan padamelan Ama anu matak gimir, sareng abdi seja ngembarkeun kaagungan Ama. 7Maranehna bakal ngaluap nyebarkeun kamashuran kasaean Ama anu lubak-libuk, sarta kalawan bungah ngawihkeun kaadilan Ama.
8Rama urang teh maha welas tur kebek ku karunya, teu gampang bendu sarta jembar ku asih anu satia. 9Rama urang teh sae ka sakabehna, sarta manah karunya-Na ngalangkungan saniskara anu diciptakeun ku Mantenna. 10Sadaya padamelan Ama bakal muji sukur ka Ama, nun Ama, sareng umat Ama anu saratia bakal muji ka Ama. 11Maranehna bakal nyaritakeun kamulyaan Karajaan Ama sarta ngembarkeun kakawasaan Ama, 12pikeun ngawanohkeun padamelan Ama anu rohaka ka anak manusa, sareng kamulyaan tur kaagungan Karajaan Ama. 13Karajaan Ama teh Karajaan anu langgeng, sarta kakawasaan Ama tetep aya salila-lilana turun-tumurun. Rama urang teh satia dina sagala pangandika-Na sarta maha welas dina sagala padamelana-Na. a a v13 Baris ieu teu aya dina lolobana naskah Ibrani, tapi aya dina Naskah Laut Paeh jeung naskah Yunani kuno. Ieu jabur disusun nurutkeun runtuyan aksara Ibrani, sarta lamun euweuh baris ieu aya hiji aksara anu leungit.
14Rama urang nyangkeh sakur anu rek labuh, sarta ngajungjungkeun sakur anu tungkul. 15Panon sadaya mahluk nareuteup ka Ama, sarta Ama maparin tuangeunana dina waktosna. 16Ama ngabuka panangan Ama, sarta nyugemakeun kahayang sagala mahluk nu hirup.
17Rama urang teh adil dina sagala jalana-Na sarta satia dina sagala padamelana-Na. 18Rama urang teh deukeut ka sakur nu sasambat ka Mantenna, ka sakur nu sasambat ka Mantenna kalawan jujur. 19Mantenna ngabulkeun kahoyong jalma-jalma anu ajrih ka Mantenna; Mantenna ngadangukeun panyambatna sarta nyalametkeun maranehna. 20Rama urang ngaraksa sakur nu nyaah ka Mantenna, tapi sakur nu jahat bakal ditumpes ku Mantenna.
21Baham abdi bakal ngucapkeun pupujian ka Rama urang; sing sakabeh mahluk nu hirup muji jenengan-Na anu suci salalanggengna.