Jalma nu Mere kalawan Bungah
Paulus geus kungsi ngagulkeun ka Makedonia yen Akhaya geus siap, ku kituna anjeunna ngutus sababaraha urang heula. Anjeunna hayang eta pangbere dibikeun kalawan rido, lain diperes ku paksaan, sabab Rama urang mikaasih jalma anu mere kalawan bungah, sarta sabab eta duit jadi sukur di antara jalma-jalma anu moal kungsi panggih jeung urang Korinta.
9 1Ngeunaan palayanan ka umat Gusti, sim kuring teu kedah deui nyeratan ka aranjeun, 2sabab sim kuring terang kana karep aranjeun, sarta sim kuring agul ngeunaan aranjeun ka urang Makedonia, yen urang Ahaya geus tarapti ti taun tukang, sarta sumanget aranjeun geus ngahudang lolobana ti maranehna. 3Ku sabab eta sim kuring ngutus dulur-dulur teh, supaya kaagulan kami ngeunaan aranjeun dina hal ieu ulah jadi pamohalan — supaya aranjeun tarapti, cocog jeung ucapan sim kuring. 4Bisi, upama urang Makedonia daratang jeung sim kuring tuluy manggihan aranjeun tacan tarapti, kami — komo deui aranjeun — bakal era ku kayakinan anu sakitu gedena. 5Nu matak sim kuring ngarasa perlu ngajak dulur-dulur supaya ti heula daratang ka aranjeun sarta ti anggalna nyadiakeun pamasihan nu berehan nu geus dijangjikeun ku aranjeun, supaya eta jadi pamere nu suka rela, lain pamere nu dibikeun kalawan beurat hate.
6Sing inget kana ieu: sing saha nu melak saeutik, bakal ngala saeutik keneh; sarta sing saha nu melak loba, bakal ngala loba keneh. 7Masing-masing kudu mere sakumaha anu geus diputuskeun dina hatena, teu kalawan beurat hate atawa dipaksa, sabab Rama urang mikaasih ka jalma nu mere kalawan bungah. 8Rama urang iasa ngocorkeun sagala kurnia ka aranjeun, supaya aranjeun salawasna cukup dina sagala pangabutuh, tur mucekil dina sagala rupa pagawean nu hade. 9Sakumaha anu geus kaungel dina Kitab Suci: “Anjeunna nyawurkeun pamasihanana ka nu mariskin; kasalehanana tetep langgeng salalanggengna.”
10Mantenna anu maparin binih ka nu melak sarta roti paragi dahar, bakal maparin jeung ngalobaan binih aranjeun, tur bakal ngagedean hasil panen tina kaadilan aranjeun. 11Aranjeun bakal dibeungharan dina sagala hal, pikeun sagala rupa kaberehan, nu ngabalukarkeun sukur ka Rama urang ku parantaraan kami. 12Ieu palayanan anu dilakonan ku aranjeun teh lain bae nyumponan pangabutuh umat Gusti, tapi oge mudalkeun loba pamuji sukur ka Rama urang. 13Ku ayana bukti tina ieu palayanan, batur-batur bakal maruji ka Rama urang ku karana katumarima aranjeun dina ngangken Injil Kristus, sarta ku karana kaberehan aranjeun dina babagi ka maranehna jeung ka sakabeh batur. 14Dina paneda maranehna pikeun aranjeun, maranehna bakal kacida sonona ka aranjeun, ku karana sih kurnia nu kacida ageungna anu geus dipaparinkeun ku Rama urang ka aranjeun. 15Puji sukur ka Rama urang ku karana pamasihan-Na anu teu bisa dicaritakeun ku basa!