Ayeuna parantos aya citakanana

1 Samuel 29 FHB Father's Heart Bible™

RamaYesusRoh
15% off your first order →
Kitab

Rama Nyingkahkeun Daud ti Medan Perang

Para panglima Filistin nolak ngaléngkah bareng jeung Daud di tukangeun maranéhna, curiga manéhna bakal balik ngalawan di tengah perang pikeun meunangkeun deui kahadéan tuan heubeulna. Akis, anu percaya pinuh ka manéhna, ngintunkeun manéhna balik bari ménta hampura. Daud protés, sarta Rama urang ngajaga manéhna sangkan teu merangan Israil.

Pasal 29.

Harita urang Pelisti ngumpulkeun sakabeh baladna di Apek, ari urang Israil masanggrahan deukeut mata cai di Yisreel. Waktu para pangagung urang Pelisti maju ratusan jeung rebuan, Daud jeung anak buahna maju pangtukangna bareng jeung Akis.

Para panglima urang Pelisti naranya, “Keur naraon urang Ibrani teh di dieu?” Saur Akis ka maranehna, “Ieu teh Daud, gandek Saul raja Israil. Manehna geus milu ka kami sababaraha poe—lain, geus sababaraha taun—jeung ti poe manehna nyingkah ka kami nepi ka ayeuna, kami teu manggih kasalahan naon-naon dina dirina.”

Tapi para panglima urang Pelisti arambekeun ka Akis, pokna, “Titah balik eta jelema ka tempat anu geus dibikeun ku anjeun. Ulah dibawa ka pangperangan bareng jeung urang, bisi manehna ngalawan ka urang di satengahing perang. Kumaha deui carana manehna bisa ngarebut deui kanyaah dununganana, lian ti ku sirah-sirah urang sorangan? Lain ieu teh Daud anu dikawihkeun dina igel-igelan maranehna: ‘Saul numpes rebuan, Daud puluhan rebu’?”

Tuluy Akis nyaur Daud, saurna, “Demi PANGERAN anu jumeneng, anjeun teh jujur, jeung kami bungah upama anjeun indit jeung datang bareng jeung kami di pasanggrahan. Kami teu manggih kasalahan naon-naon dina diri anjeun ti poe anjeun datang ka kami nepi ka ayeuna. Tapi para pangagung teu panuju ka anjeun. Ku kituna anjeun balik bae kalawan salamet, supaya anjeun ulah nyieun hal anu matak teu panuju para pangagung urang Pelisti.”

“Naon atuh dosa abdi?” unjuk Daud. “Kasalahan naon anu kapanggih ku Gusti dina diri abdi, ti abdi sumping ka Gusti nepi ka ayeuna, nepi ka abdi teu kenging mios merangan musuh-musuh gusti abdi sang raja?”

Saur Akis ka Daud, “Kami nyaho, ceuk kami mah anjeun teh saibarat malaikat Allah. Tapi najan kitu, para panglima urang Pelisti geus ngomong kieu, ‘Manehna ulah dibawa unggah ka pangperangan bareng jeung urang.’ Ku sabab kitu isuk-isuk anjeun kudu geus hudang, anjeun jeung gandek-gandek dunungan anjeun anu milu ka anjeun; geura harudang isuk-isuk, tuluy arindit sanggeus bray beurang.”

Daud jeung anak buahna harudang isuk-isuk rek balik ka tanah Pelisti waktu balebat, ari urang Pelisti arunggah ka Yisreel.