Kidung Kasalametan Israil
Kidung pangjajap ka luhur.
Israil nyarita salaku jalma anu salamet bari mawa tapak tatu, ngagambarkeun musuh-musuh anu ngawuluku galeng-galeng panjang dina tonggongna tapi tetep teu meunang. Kutukan anu dipenta asalna tina tatanen: muga maranehna jadi jukut dina hateup, layu samemeh dipanen, anu teu aya jalma nu ngaliwat eureun pikeun ngaberkahanana.
129 1“Ti ngongora keneh aing geus dikaniaya pohara ku maranehna”—kitu pokna urang Israil ayeuna. 2“Ti ngongora keneh aing geus dikaniaya pohara ku maranehna, tapi maranehna teu bisa ngelehkeun aing. 3Nu ngawuluku geus ngawuluku kana tonggong aing; dijieun galengan panjang ku maranehna.” 4Rama urang teh adil; Mantenna geus megatkeun tali-tali jelema jarahat.
5Mugia sakabeh anu ijid ka Sion dieraan sarta dibalikkeun deui ka tukang. 6Sing jaradi cara jukut nu jaradi di luhureun hateup, nu geus garing memeh jangkung, 7nu ku nu ngala teu nepi ka minuhan leungeun, atawa ku nu ngabeungkeut gandum teu nepi ka minuhan rangkulan, 8nepi ka jelema-jelema nu laliwat moal ngaromong, “Mugia berkah Rama urang nyaangan ka aranjeun! Kami ngaberkahan aranjeun kalawan pajenengan Rama urang.”