Marulang deui ka Kami
Tetempoan ngeunaan pamulihan pikeun urang buangan anu geus balik, nunjuk ka hareup ka Raja anu bakal datang, anu asup kalawan rendah haté tumpak kalde. Jangji-jangjina ngurilingan hiji ulangan perjangjian: maranéhna bakal jadi umat Kami, sarta Kami Rama maranéhna.
1 1Dina taun kadua jaman pamarentahan Darius, dina bulan kadalapan, pangandika Rama urang sumping ka Nabi Zakaria bin Berekhya bin Ido, kieu ungelna: 2Rama urang kacida benduna ka karuhun maraneh.
3Ku sabab eta, bejakeun ka maranehna: Kieu pangandika Rama Nu Kagungan Balad Sawarga: Marulang deui ka Kami, kitu timbalan Rama Nu Kagungan Balad Sawarga, tangtu Kami oge bakal mulang deui ka maraneh. Kitu saur Rama Nu Kagungan Balad Sawarga. 4Maraneh ulah kawas karuhun maraneh. Ka maranehna, para nabi anu ti heula geus ngawartakeun: Kieu pangandika Rama Nu Kagungan Balad Sawarga: Geura tarobat tina paripolah jeung kalakuan maraneh anu jahat. Tapi maranehna arembungeun ngadengekeun atawa ngagugu ka Kami, kitu timbalan Rama urang.
5Karuhun maraneh—ayeuna aya di mana? Jeung para nabi, naha bisa hirup salalanggengna?
6Tapi pangandika jeung katangtuan Kami, anu ku Kami diparentahkeun ka para abdi Kami nya eta para nabi—naha henteu tumiba ka karuhun maraneh? Tungtungna maranehna tarobat sarta ngaromong, “Sakumaha Rama Nu Kagungan Balad Sawarga geus ngarancang rek milampah ka urang, luyu jeung paripolah jeung kalakuan urang, kitu pisan Mantenna geus nindak ka urang.”
Rama Ngutus Para Panumpak Kuda
7Dina poe kaduapuluh opat bulan kasabelas, nya eta bulan Sebat, dina taun kadua pamarentahan Darius, pangandika Rama urang sumping ka Nabi Zakaria bin Berekhya bin Ido, kieu ungelna: 8Dina hiji peuting kuring meunang hiji titingalan—breh di hareupeun kuring aya hiji jalma keur tumpak kuda beureum, nangtung di antara tangkal-tangkal murad di hiji lebak, sarta di tukangeunana aya kuda-kuda warna beureum, coklat, jeung bodas. 9Kuring nanya, “Naon ieu teh, Juragan?” Malaikat anu keur nyarios jeung kuring tea ngawaler, “Ku kami rek dituduhkeun ka maneh naon ieu teh.”
10Jalma anu aya di antara tangkal-tangkal murad tea ngawaler, “Ieu teh anu diutus ku Rama urang pikeun ngurilingan bumi.”
11Maranehna ngalaporkeun ka utusan Rama urang anu nangtung di antara tangkal-tangkal murad tea, “Abdi sadaya parantos ngurilingan bumi; sakuliah bumi keur tengtrem tur aman.”
12Geus kitu utusan Rama urang unjukan, “Nun Rama Nu Kagungan Balad Sawarga, dugi ka iraha Ama nahan piwelas ti Yerusalem sareng kota-kota Yuda, anu parantos tujuh puluh taun ieu kenging bebendu Ama?”
13Ti dinya Rama urang ngandika ku kecap-kecap anu hade jeung matak lilipur ka malaikat anu keur nyarios jeung kuring tea.
14Tuluy malaikat anu nyarios jeung kuring tea ngalahir, “Uarkeun: Kieu pangandika Rama Nu Kagungan Balad Sawarga: Kami kacida timburuna ka Yerusalem jeung Sion,” 15tapi Kami kacida benduna ka bangsa-bangsa anu ngarasa aman tengtrem; Kami ngan saeutik benduna, tapi maranehna nambahan karuksakan. 16Ku sabab eta kieu pangandika Rama urang: Kami rek mulang deui ka Yerusalem kalawan piwelas; di dinya imah Kami bakal diadegkeun deui, kitu timbalan Rama Nu Kagungan Balad Sawarga, sarta tali ukuran bakal dibentangkeun di luhureun Yerusalem.
17Uarkeun deui: Kieu saur Rama Nu Kagungan Balad Sawarga: Kota-kota Kami bakal mudal deui ku kamakmuran; Rama urang bakal ngalilipur deui ka Sion sarta bakal milih deui Yerusalem.
Tanduk-tanduk jeung Para Tukang Kriya
18Tuluy kuring tanggah, breh di hareupeun kuring aya opat tanduk. 19Kuring nanya ka malaikat anu nyarios jeung kuring tea, “Naon ieu teh?” Waler malaikat, “Ieu teh tanduk-tanduk anu geus nyerakkeun Yuda, Israil, jeung Yerusalem.”
20Geus kitu Rama urang nembongkeun opat tukang kriya ka kuring. 21Kuring nanya, “Rek naraon ieu teh?” Waler malaikat, “Ieu tanduk-tanduk teh geus nyerakkeun Yuda nepi ka taya saurang oge anu bisa ngangkat sirahna; tapi ieu para tukang kriya datang pikeun nyingsieunan maranehna sarta ngaruntagkeun tanduk-tanduk bangsa-bangsa anu diacungkeun ngalawan tanah Yuda pikeun nyerakkeunana.”