Nagri Jangjang nu Ngahieung
Utusan-utusan buru-buru numpak parahu papirus ti bangsa anu jauh tur pikasieuneun, tapi Rama urang ngandika yén Anjeunna ngan rék cicing jeung ningali, kawas panas dina cahaya panonpoé, dugi ka saméméh panén — tuluy mangkas pucuk-pucukna. Sanggeusna, éta bangsa sorangan mawa pangbakti ka Gunung Sion.
18 1Duh, nagri jangjang nu ngahieung, di peuntaseun walungan-walungan Kus, 2anu ngutus utusan-utusan ngaliwatan laut, dina parahu-parahu tina papirus meuntasan cai. Geura arindit, eh utusan-utusan nu gancang, ka hiji bangsa nu jangkung tur kulitna lemes, ka hiji bangsa anu dipikasieun boh nu deukeut boh nu jauh, bangsa anu kuat tur sok ngaleyek, nu tanahna dibagi-bagi ku walungan-walungan. 3Eh sakabeh pangeusi dunya, maraneh anu cicing di ieu bumi: lamun aya bandera dijungjungkeun di gunung-gunung, tenjo! Lamun tarompet disada, darengekeun!
4Sabab kieu pangandika Rama urang ka kaula: Kami rek cicing bae, sarta Kami rek ngareret ti panglinggihan Kami, lir panas nu hurung dina cahaya panonpoe, lir mega ibun dina panasna usum panen.
5Sabab samemeh usum panen, waktu kembangna geus ragrag sarta pentilna geus jadi anggur nu arek asak, Rama urang bakal nilas pucuk-pucukna ku peso pangarit, sarta dahan-dahan nu ngarambat bakal dituar tur dibuang ku Mantenna. 6Kabeh bakal ditinggalkeun pikeun manuk-manuk galak di gunung-gunung sarta pikeun sato-sato galak di bumi. Manuk-manuk galak bakal ngaliwat usum panas di dinya, sarta sakabeh sato galak di bumi bakal ngaliwat usum tiris di dinya. 7Dina waktu eta, bakal aya pangbakti nu disanggakeun ka Rama, Gusti nu ngawasa balad sawarga, ti hiji bangsa nu jangkung tur kulitna lemes, ti hiji bangsa anu dipikasieun boh nu deukeut boh nu jauh, bangsa anu kuat tur sok ngaleyek, nu tanahna dibagi-bagi ku walungan-walungan—ka tempat jenengan Rama, Gusti nu ngawasa balad sawarga, nya eta Gunung Sion.