Ayeuna parantos aya citakanana

Hosea 5 FHB Father's Heart Bible™

RamaYesusRoh
15% off your first order →
Kitab

Rama Nyingkir ti Jelema nu Teu Satia

Imam, raja jeung bangsa kabéh digero. Kalakuan maranéhna moal ngantep maranéhna balik, sarta waktu maranéhna néangan mawa domba jeung sapi, Rama urang geus ngajauhan. Mantenna nyebut diri-Na buruk garing pikeun Yuda jeung singa pikeun Efraim, tuluy ninggalkeun nepi ka kasangsaraan ngadorong maranéhna balik.

Pasal 5.

Dengekeun ieu, eh para imam! Sing perhatikeun, eh kulawarga Israil! Regepkeun, eh kulawarga raja! Sabab hukuman teh pikeun maraneh, karana maraneh geus jadi jiret di Mizpa jeung jaring anu dipasang di Gunung Tabor.

“Nu baronto geus jero pisan dina maehan, tapi Kami rek ngahukum maranehna kabeh. Kami nyaho ka Epraim, jeung Israil moal bisa nyumput ti Kami; sabab ayeuna, eh Epraim, maneh geus ngalacurkeun diri, jeung Israil geus najis.

“Kalakuan maranehna moal ngidinan maranehna balik deui ka Rama, sabab roh panyundalan aya di jero maranehna, jeung maranehna teu wawuh ka Rama urang. Kaangkuhan Israil jadi saksi ngalawan ka manehna; Israil jeung Epraim tijalikeuh ku dosana; Yuda oge milu tijalikeuh jeung maranehna. Bari mawa domba jeung sapina, maranehna rek indit neangan Rama urang, tapi moal manggihan Mantenna; Mantenna geus nyingkir ti maranehna. Maranehna geus teu satia ka Rama urang, sabab geus ngalahirkeun anak-anak haram. Ayeuna bulan anyar bakal ngahakan maranehna katut kebon-kebonna.

“Tiup sangkakala di Gibea, tarompet di Rama. Tabeuh surak perang di Bet-Awen; awaskeun tukangeun maneh, eh Binyamin! Epraim bakal jadi suwung dina poe hukuman; di antara kaom-kaom Israil Kami ngembarkeun hal anu geus pasti. Para pamingpin Yuda geus jadi lir jalma anu mindahkeun watu wates; ka maranehna Kami rek ngucurkeun bebendu Kami lir cai. Epraim katindes, remuk ku hukuman, karana manehna anteng ngudag brahala anu taya gunana. Ku kituna Kami jadi lir geget pikeun Epraim, jeung lir kabusukan pikeun kulawarga Yuda.

“Epraim nenjo panyakitna sorangan, Yuda nenjo raheutna anu ngaplak; tuluy Epraim lumpat ka Asur, menta tulung ka raja anu agung. Tapi eta raja teu bisa nyageurkeun maneh, atawa ngubaran raheut maneh anu ngocor nanah. Sabab Kami bakal jadi lir singa pikeun Epraim, jeung lir singa ngora pikeun kulawarga Yuda. Kami ku anjeun bakal nyarabik tuluy indit; Kami bakal ngagondol, tur moal aya saurang ge anu bisa nyalametkeun. Kami rek balik deui ka tempat Kami, nepi ka maranehna ngaku salahna jeung neangan raray Kami; dina kasusahna maranehna bakal soson-soson neangan Kami.”