Lagu pikeun Poe Sabat
Jabur. Lagu pikeun poe Sabat.
Kawih poé Sabat ngeunaan ukuran waktu anu béda. Jalma jahat jadi gancang kawas jukut tuluy leungit; jalma bener tumuwuhna lalaunan, kawas tangkal kurma jeung kai aras, masih kénéh buahan jeung tetep héjo dina mangsa kolot, karana di mana maranéhna dipelakna — di palataran Rama urang.
92 1Sae muji sukur ka Rama urang, ngawihkeun puji-pujian ka jenengan Ama, nun Nu Maha Luhur, 2pikeun ngembarkeun kaasih Ama nu satia dina waktu isuk, sareng kasatiaan Ama sapanjang peuting, 3dina gambus sapuluh kawat sareng dina harpa, kalayan alunan tina kacapi. 4Reh Ama parantos ngabingahkeun abdi, nun Ama, ku padamelan Ama; ku pagawean panangan Ama, abdi surak ku bungah. 5Agung pisan padamelan Ama, nun Ama! Manah Ama kacida jerona! 6Jalma gejul mah teu nyaho, sarta nu bodo teu ngarti kana ieu:
7Najan jalma jahat jaradi cara jukut sarta sakabeh nu migawe kajahatan marekar, tapi maranehna bakal binasa salalanggengna. 8Nanging Ama, nun Ama, jumeneng di luhur salalanggengna. 9Reh tingali, musuh-musuh Ama, nun Ama—tingali, musuh-musuh Ama bakal tumpur; sakabeh nu migawe kajahatan bakal pabalencar. 10Nanging Ama parantos nanjeurkeun tanduk abdi jangkung lir nu liar, 11Panon abdi parantos ningali musuh-musuh anu ngintip abdi; ceuli abdi parantos ngadenge tumpurna jalma jahat anu ngalawan ka abdi. 12Jalma bener marekar lir tangkal korma; jaradi gede lir tangkal aras di Libanon. 13Dipelak di Bait Rama urang, maranehna marekar di palataran Rama urang. 14Maranehna tetep buahan dina mangsa geus kolot; tetep seger tur hejo ngemploh, 15pikeun ngembarkeun yen Rama urang teh adil; Mantenna gunung batu abdi, sarta teu aya kadorakaan dina salira Mantenna.