Jubah Kaagungan
Aya dua hal anu ngadeg teu obah: dunya jeung singgasana. Caah ngangkat sorana jeung ngagempur ku ombakna, sarta jabur ieu ngawaler yén Rama urang di luhur leuwih perkasa batan ombak nu ngagulung — sarta katetepan-Na teu bisa diobah saperti karajaan-Na.
93 1Rama urang jumeneng raja; Mantenna ngagem jubah kaagungan. Rama urang ngagem jubah; Mantenna ngabungkus salira ku kakiatan. Enya, jagat raya geus pengkuh adegna; moal bisa oyag salilana. 2Tahta Ama geus ngadeg ti jaman baheula; Ama teh jumeneng ti awal keneh. 3Caah geus ngagulidag, nun Ama; caah geus ngangkat sorana; caah ngangkat ombak-ombakna anu ngagebrug. 4Leuwih gagah ti batan gelap cai anu lubak-libuk, leuwih gagah ti batan ombak anu ngagelebug di sagara, Rama urang di luhur teh Mahagagah. 5Papagon-papagon Ama estu pengkuh; kasucian ngahias bumi Ama, nun Ama, salalanggengna.