Katutupan, Diitung Beresih
Jabur ti Daud. Hiji jabur hikmah.
Daud ngagambarkeun naon harga jempéna — tulang-tulangna lungsé, kakuatanana garing lir dina panas usum halodo — jeung naon anu dibéréskeun ku pangakuan dina hiji kalimah. Tuluy anjeunna ngajar: ulah jadi bagal anu kudu diséréd; datang mumpung Rama urang masih bisa kapanggih.
32 1Bagja temen jalma anu pangdurakaanana geus dihampura, anu dosana geus katutupan! a a v1 Paulus ngutip ieu ayat jeung ayat saterusna salaku inti tina dibenerkeunana hubungan urang jeung Rama urang — panghampura anu diitungkeun ka urang, lain ku sabab pagawean urang (Rum 4:7-8). 2Bagja temen jalma anu ku Rama urang teu diitung boga kasalahan, sarta dina jiwana euweuh tipu daya!
3Waktu abdi ngabetem, tulang-taleng abdi laleuleus ku sabab abdi humarurung sapoe jeput. 4Karana beurang peuting panangan Gusti beurat nindih ka abdi; kakuatan abdi saat lir dina panas usum halodo.
5Tuluy abdi ngaku dosa ka Gusti, sarta teu nyumputkeun kasalahan abdi; cek abdi, “Abdi rek ngaku sagala pangdurakaan ka Rama urang”—tuluy ku Gusti kasalahan dosa abdi dihampura.
6Ku sabab eta, sing sakur jalma anu satia neneda ka Gusti salagi Gusti kapanggih; sabenerna waktu cai gede ngaleob, moal nepi ka manehna. 7Gusti teh tempat panyumputan pikeun abdi; Gusti ngajaga abdi tina balai; Gusti ngurilingan abdi ku surak kasalametan.
8Kami rek ngatik jeung ngajar maneh dina jalan anu kudu diturut ku maneh; Kami rek mere nasehat bari soca Kami ngawaskeun maneh. 9Ulah jadi kawas kuda atawa bigal, anu teu boga pangarti, anu kudu dikadalian ku kadali jeung les, mun teu kitu moal daek nyampeurkeun ka maneh.
10Loba kasusah jalma jahat, tapi anu ngandel ka Rama urang bakal dikurilingan ku asih satia-Na. 11Masing bungah ku Rama urang sarta masing suka, hey jalma bener; masing surak gumbira, sakabeh anu jujur hate!