Tangkal Anggur nu Taya Gunana Salian ti Suluh Seuneu
Hiji gambaran anu pondok tur suram. Kai tangkal anggur teu aya gunana pikeun ngawangun, komo deui saméméh diduruk, sarta sanggeus gosong mah leuwih teu aya gunana. Kitu, saur Rama urang, urang Yerusalem téh pikeun Mantenna: disimpen pikeun seuneu, teu pantes pikeun pagawéan naon waé.
15 1Geus kitu aya pangandika ti Rama urang anu sumping ka abdi, saur-Na:
2“Eh anak manusa, naon leuwihna kai tangkal anggur ti batan kai sejenna — dahan tangkal anggur anu aya di antara tangkal-tangkal leuweung? 3Naha kaina bisa dipake pikeun hal anu aya gunana? Naha tina kai eta bisa dijieun pasak pikeun ngagantungkeun barang? 4Tenjo — eta dialungkeun kana seuneu dijadikeun suluh. Seuneu ngahakan dua tungtungna, tengahna hangus. Naha masih keneh aya gunana pikeun pagawean naon bae? 5Mun keur gembleng keneh ge taya gunana, komo deui sanggeus kahuru ku seuneu nepi ka hangus — naha bisa dijieun naon-naon deui?”
6Ku sabab eta kieu dawuhan Rama Nu Maha Kawasa: “Sarua jeung kai tangkal anggur anu aya di antara tangkal-tangkal leuweung, anu ku Kami geus dibikeun kana seuneu dijadikeun suluh, kitu keneh Kami geus masrahkeun jalma-jalma anu maratuh di Yerusalem. 7Kami bakal ngalawan ka maranehna. Maranehna geus leupas tina hiji seuneu, tapi seuneu sejen bakal ngahuru maranehna; sarta maraneh bakal nyaho yen Kami teh Rama maraneh, waktu Kami ngalawan ka maranehna. 8Ieu tanah ku Kami bakal dijadikeun suwung ngaranjang, karana maranehna geus bener-bener teu satia, kitu dawuhan Rama Nu Maha Kawasa.”