Urang Rekhab Ngahormat ka Karuhunna
Yeremia nyuguhkeun anggur ka urang Rekab, nu nolak lantaran karuhunna Yonadab geus nyaram maranéhna. Kasatiaan maranéhna ka bapa manusa nu geus lila pupus dibandingkeun jeung Yuda nu teu daék ngadéngé Rama urang, nu geus ngandika deui jeung deui. Turunan Yonadab dijangjian tempat nu langgeng.
35 1Pangandika ti Rama urang anu sumping ka Yermia dina jaman Yoyakim bin Yosia, raja Yuda:
2“Datang ka imah urang Rekhab, cacarita jeung maranehna, bawa ka hiji kamar gigireun di Bait Kami, tuluy bere anggur sina nginum.”
3Ku sabab kitu kuring ngajak Yaazanya bin Yermia bin Habasinya, jeung dulur-dulurna katut sakabeh anak-anakna sarta sakumna kulawarga Rekhab, 4tuluy dibawa ka Bait Rama urang, ka kamar anak-anak Hanan bin Yigdalya, abdi Rama urang, nu gigireun kamar para pajabat, di luhureun kamar Maaseya bin Salum, jurukonci. 5Tuluy kuring nyadiakeun mangkok-mangkok pinuh ku anggur jeung sababaraha gelas hareupeun anak-anak kulawarga Rekhab, terus ngomong, “Pek nginum anggur.”
6Tapi maranehna ngajawab, “Abdi sadaya moal nginum anggur, sabab karuhun abdi sadaya, Yonadab bin Rekhab, parantos marentah: Maneh jeung anak-anak maneh ulah nginum anggur salilana. 7Ulah nyieun imah, ulah melak binih, ulah nyieun kebon anggur; ulah boga nanaon. Kudu matuh di kemah saumur hirup, supaya maraneh hirup lila di tanah tempat maraneh ngumbara.' 8Nya ku sabab eta abdi sadaya geus narurut ka Yonadab bin Rekhab, karuhun abdi sadaya, dina sagala parentahna: teu nginum anggur saumur hirup—abdi sadaya, pamajikan, anak-anak lalaki, jeung anak-anak awewe abdi sadaya, 9sarta teu nyieun imah pikeun tempat matuh. Abdi sadaya teu boga kebon anggur, teu boga kebon, teu boga binih, 10ngan matuh di kemah bae, narurut sarta ngalampahkeun sagala anu diparentahkeun ku Yonadab, karuhun abdi sadaya. 11Tapi waktu Nebukadnesar raja Babul narajang ka ieu tanah, abdi sadaya ngomong, ‘Hayu urang ka Yerusalem, sangkan lolos ti balad Babul jeung balad Aram.’ Nya ku sabab kitu abdi sadaya ayeuna matuh di Yerusalem.”
12Geus kitu aya Pangandika ti Rama urang anu sumping ka Yermia, kieu:
13Kieu timbalan Rama Panguasa balad sawarga, Rama urang Israil: Omongkeun ka urang Yuda jeung ka pangeusi Yerusalem: Naha maraneh moal daek narima ajaran sarta ngadengekeun timbalan Kami? dawuhan Rama urang. 14Parentah Yonadab bin Rekhab sangkan anak-anakna ulah nginum anggur geus diturut; nepi ka ayeuna maranehna teu narginum, sabab narurut kana parentah karuhunna. Tapi Kami geus terus-terusan nyarios ka maraneh, ari maraneh teu daraek ngadengekeun ka Kami.
15Kami geus terus-terusan ngutus ka maraneh sakabeh abdi Kami para nabi, dawuhan Kami, ‘Masing-masing kudu tarobat tina jalanna nu jahat sarta kudu ngoreksi kalakuanana. Ulah nurut ka allah-allah sejen pikeun ngabaktina, sangkan maraneh bisa hirup di tanah anu ku Kami geus dipaparinkeun ka maraneh jeung ka karuhun maraneh.’ Tapi maraneh teu daraek ngadengekeun sarta teu malire ka Kami. 16Turunan Yonadab bin Rekhab narurut kana parentah karuhunna, tapi ieu bangsa teu daraek ngadengekeun ka Kami.
17Ku sabab kitu kieu timbalan Rama Panguasa balad sawarga, Rama urang Israil: “Kami rek ngadatangkeun ka Yuda jeung ka sakabeh pangeusi Yerusalem, sakabeh bancang pakewuh anu geus diancamkeun ku Kami ka maranehna, sabab waktu Kami nyarios ka maranehna, maranehna teu daraek ngadengekeun, waktu Kami nyalukan, maranehna teu ngajawab.”
18Yermia ngomong ka kulawarga Rekhab, “Kieu timbalan Rama Panguasa balad sawarga, Rama urang Israil: Lantaran maraneh narurut kana parentah karuhun maraneh, Yonadab, sarta geus nedunan sakabeh pituduhna jeung ngalampahkeun sagala anu diparentahkeunana ka maraneh, 19nya kieu timbalan Rama Panguasa balad sawarga, Rama urang Israil: Yonadab bin Rekhab salalanggengna bakal boga turunan anu ngabakti di payuneun Kami.”