Rama Maparin Tanah Pusaka ka Yuda
Wates-wates Yuda disebutkeun sacara rinci sarta kota-kotana didaptarkeun numutkeun wewengkon, nepi ka kota uyah jeung En-Gedi. Kaleb ngusir tilu raksasa sarta nawarkeun anak awewena ka saha bae anu bisa ngarebut Debir; anakna tuluy menta cinyusu ka bapana. Urang Yebus di Yerusalem tetep cicing di dinya.
15 1Tanah bagian keur kaom bani Yuda, dibagi-bagi nurutkeun kulawargana, nepina ka wates Edom, Gurun Keusik Zin, ka beulah kidul nepi ka tungtung kidul pisan. 2Wates kidulna ngabujur ti tungtung Laut Asin, ti teluk anu nyanghareup ka kidul. 3Tuluy nepi ka beulah kidul Lebak Akrabim, terus ka Zin, naek ka beulah kidul Kades-barnea, ngaliwat ka Hesron, naek ka Adar, tuluy mengkol ka Karka. 4Terus ka Asmon, nepi ka Walungan Wates Mesir, sarta tungtungna anjog ka laut. Ieu teh wates maraneh beulah kidul. 5Wates wetan: Laut Asin nepi ka muara Walungan Yordan. Wates kaler: ti teluk laut di muara Walungan Yordan. 6Eta wates naek ka Bet-hogla, ngaliwat ka beulah kaler Bet-araba, tuluy naek ka Batu Bohan putra Rubin. 7Ti Lebak Akor eta wates naek ka Debir, mengkol ka kaler ka Gilgal, nyanghareup ka Tanjakan Adumim di beulah kidul lebak, terus ka cai En-semes, nepina ka En-rogel. 8Tuluy eta wates naek ngaliwatan Lebak Ben-hinom ka lamping kidul kota urang Yebus (nya eta Yerusalem), tuluy naek ka puncak gunung beulah kulon Lebak Hinom, di tungtung kaler Lebak Repaim. 9Ti puncak gunung eta wates mengkol ka sumber cai Neptoah, terus ka kota-kota di Gunung Epron, tuluy mengkol ka Baala, nya eta Kiryat-yearim. 10Eta wates mengkol ti Baala ka kulon ka Gunung Seir, ngaliwat ka lamping kaler Gunung Yearim (nya eta Kesalon), turun ka Bet-semes, tuluy terus ka Timna. 11Eta wates terus ka lamping kaler Ekron, mengkol ka Sikron, ngaliwat ka Gunung Baala, terus ka Yabnel, sarta nepina ka laut. 12Wates beulah kulon nya eta Laut Tengah katut sisi basisirna. Ieu wates anu ngurilingan tanah turunan Yuda nurutkeun kulawargana.
13Ka Kaleb bin Yepune dibere bagian di antara turunan Yuda, sakumaha anu diparentahkeun ku Rama urang ka Yosua, nya eta Kiryat-arba, anu disebut oge Hebron (Arba teh ama Enak). 14Ti dinya Kaleb ngusir tilu turunan Enak, nya eta Sesai, Ahiman, jeung Talmai, anak-anak Enak. 15Ti dinya anjeunna naek merangan urang Debir; ari ngaran Debir baheulana Kiryat-seper. 16Ceuk Kaleb, “Sing saha anu bisa narajang Kiryat-seper sarta ngarebutna, ku kaula rek dibere anak awewe, nya eta Aksah, dijadikeun pamajikanana.” 17Otniel bin Kenas, dulurna Kaleb, anu bisa ngarebutna, nya ku Kaleb dibere anakna, Aksah, dijadikeun pamajikanana. 18Waktu Aksah geus datang ka salakina, manehna ngajak salakina sangkan menta tanah ti ramana. Barang turun ti kaledena, Kaleb nanya, “Rek naon maneh?”
19Walon Aksah, “Mugi Ama maparin berkah ka abdi. Ku margi Ama parantos maparin tanah Negeb ka abdi, mugi dipaparin oge sumber-sumber cai.” Tuluy ku Kaleb dibere sumber cai anu di luhur jeung anu di handap.
20Ieu teh tanah pusaka kaom bani Yuda nurutkeun kulawargana. 21Kota-kota anu pangkidulna milik kaom Yuda, ka beulah wates Edom di Negeb: Kabsel, Eder, Yagur, 22Kina, Dimona, Adada, 23Kedes, Hasor, Itnan, 24Sip, Telem, Bealot, 25Hasor-hadata, Keriyot-hesron (nya eta Hasor), 26Amam, Sema, Molada, 27Hasar-gada, Hesmon, Bet-pelet, 28Hasar-sual, Berseba, Biziotia, 29Baala, Iyim, Esem, 30Eltolad, Kesil, Horma, 31Siklag, Madmana, Sansana, 32Lebaot, Silhim, Ain, jeung Rimon—sagemblengna aya dua puluh salapan kota, katut lemburna.
33Di tanah legok: Estaol, Sora, Asna, 34Zanoah, En-ganim, Tapuah, Enam, 35Yarmut, Adulam, Soko, Azeka, 36Saaraim, Aditaim, Gedera, jeung Gederotaim—opat belas kota, katut lemburna.
37Senan, Hadasa, Migdal-gad, 38Dilan, Mispa, Yokteel, 39Lakis, Boskat, Eglon, 40Kabon, Lahmas, Kitlis, 41Gederot, Bet-dagon, Naama, jeung Makeda—genep belas kota, katut lemburna.
42Libna, Eter, Asan, 43Yipta, Asna, Nesib, 44Keila, Akzib, jeung Maresa—salapan kota, katut lemburna.
45Ekron, katut kota-kota leutik jeung lemburna; 46ti Ekron ka laut, sakabeh anu aya di sabudeureun Asdod, katut lemburna; 47Asdod katut kota-kota leutik jeung lemburna; Gaza katut kota-kota leutik jeung lemburna, nepi ka Walungan Wates Mesir jeung Laut Agung katut basisirna.
48Di tanah pagunungan: Samir, Yatir, Soko, 49Dana, Kiryat-sana (nya eta Debir), 50Anab, Estemo, Anim, 51Gosen, Holon, jeung Gilo—sabelas kota, katut lemburna.
52Arab, Duma, Esan, 53Yanim, Bet-tapuah, Apeka, 54Humta, Kiryat-arba (nya eta Hebron), jeung Sior—salapan kota, katut lemburna.
55Maon, Karmel, Sip, Yuta, 56Yisreel, Yokdeam, Zanoah, 57Kain, Gibea, jeung Timna—sapuluh kota, katut lemburna.
58Halhul, Bet-sur, Gedor, 59Maarat, Bet-anot, jeung Eltekon—genep kota, katut lemburna. 60Kiryat-baal (nya eta Kiryat-yearim) jeung Raba—dua kota, katut lemburna.
61Di gurun keusik: Bet-araba, Midin, Sekaka, 62Nibsan, Kota Uyah, jeung En-gedi—genep kota, katut lemburna.
63Ari urang Yebus anu maratuh di Yerusalem teu bisa diusir ku turunan Yuda; nepi ka kiwari urang Yebus teh maratuh bareng jeung turunan Yuda di Yerusalem.