Hadiah ti Nagri Babul
Kagoda ku pangalem utusan ti Babul, Hiskia némbongkeun sagala barang milikna ka maranéhna. Yesaya mawa pangandika Rama urang yén sakabéh éta, kitu ogé anak-anakna, bakal dibawa ka Babul. Hiskia nyebut pangandika éta hadé — sabab karugianana kakara datang sanggeus anjeunna maot. Jawaban éta ditinggalkeun kitu waé tanpa koméntar.
39 1Harita Merodah-Baladan putra Baladan, raja Babul, ngirimkeun surat jeung hadiah ka Hiskia, sanggeus ngadenge yen anjeunna tas gering tuluy cageur. 2Kalawan bungah Hiskia narima eta kabeh, tuluy mintonkeun gudang pangbogana — perak, emas, rupa-rupa bungbu, minyak pangalusna, sakabeh pakarangna, kabeh nu aya di gudang-gudangna. Taya pisan nu teu dituduhkeun ku Hiskia, boh di karaton boh di karajaanana. 3Tuluy Nabi Yesaya nepangan Raja Hiskia, pok naros, “Naon anu diomongkeun ku jalma-jalma tadi, jeung ti mana datangna?” Waler Hiskia, “Ti nagri anu jauh, ti Babul.”
4Naros deui, “Naon anu geus katempo ku maranehna di karaton anjeun?” Waler Hiskia, “Maranehna nenjo sagala rupa anu aya di karaton kami. Taya nu teu dituduhkeun ti sakur nu aya di gudang-gudang kami.”
5Tuluy Yesaya nyarios ka Hiskia, “Darengekeun pangandika Rama, Gusti nu ngawasa sakumna balad sawarga:
6Bakal datang mangsana, sagala rupa anu aya di karaton anjeun, sakabeh anu ku karuhun anjeun geus dikumpulkeun nepi ka ayeuna, bakal diakut ka Babul. Moal aya nu nyesa, kitu pangandika Rama urang. 7Sawatara ti antara putra anjeun, turunan anjeun sorangan, bakal dibawa sarta dijadikeun ponggawa di karaton raja Babul.”
8Tuluy Hiskia ngawaler ka Yesaya, “Pangandika Rama urang anu diucapkeun ku anjeun teh hade.” Sabab anjeunna mikir, “Salila kami hirup bakal aya kaayaan tengtrem jeung aman.”