Altar Tambaga jeung Laut Logam nu Gede
Parabot pikeun Bait Rama urang dijieun: hiji altar tambaga, Laut tuangan anu gedé anu nangtung dina dua welas sapi, sapuluh bak pikeun ngumbah sarta sapuluh tihang lampu, méja-méja, sarta parabot emas anu teu kaitung lobana. Tambaga anu dipaké kacida lobana nepi ka beuratna teu kungsi diitung, sarta unggal barang ngalayanan altar.
4 1Anjeunna nyieun hiji altar tina tambaga, panjangna tilu puluh suku, rubakna tilu puluh suku, jeung luhurna lima welas suku. 2Anjeunna nyieun Laut tina logam cor, buleud: lima welas suku rubakna, tujuh satengah suku luhurna, jeung opat puluh lima suku kurilingna. 3Di handapeun biwirna aya gambar-gambar sapi nu ngurilingan, kira-kira tujuh dina unggal suku sakuriling Laut tea, dicor dua jajar ngahiji jeung Laut tea. 4Laut tea napak dina dua welas sapi, tilu nyanghareup ka kaler, tilu ka kulon, tilu ka kidul, tilu ka wetan, Laut tea napak di luhureunana, bujurna kabeh nyanghareup ka jero. 5Kandelna kira-kira tilu inci, biwirna saperti biwir cangkir, saperti kembang bakung, eusina kira-kira 17.000 galon.
6Anjeunna nyieun sapuluh bak pamasean, lima di kidul, lima di kaler, pikeun ngumbah barang-barang nu dipake pikeun kurban beuleuman; ari Laut tea pikeun paranti para imam marasean.
7Anjeunna nyieun sapuluh ajug emas sakumaha nu geus ditangtukeun, lima pikeun beulah kidul Bait, lima pikeun beulah kaler. 8Anjeunna nyieun sapuluh meja, diteundeun di jero Bait—lima di kidul, lima di kaler—jeung saratus bokor emas.
9Anjeunna nyieun buruan para imam, buruan nu gede, panto-pantona, sarta nyalut panto-pantona ku tambaga. 10Laut tea diteundeun di beulah kidul, di juru kidul-wetan.
11Huram nyieun pariuk-pariuk, sosorok, jeung bokor-bokor. Kitu Huram ngarengsekeun pagawean nu dipigawe pikeun Raja Sulaeman di Bait Rama urang:
12dua tihang; dua makuta nu mangrupa mangkok di luhureun tihang-tihang; dua anyaman nu nutupan eta makuta-makuta; 13400 dalima pikeun dua anyaman tea, masing-masing dua jajar, pikeun nutupan dua mangkok makuta di luhureun tihang; 14tatakan-tatakan jeung bokor-bokor dina tatakanana; 15hiji Laut jeung dua welas sapi di handapeunana. 16Pariuk-pariuk, sosorok, garpu daging, jeung sagala parabotna—Huram-abi nyieun ieu kabeh pikeun Raja Sulaeman, pikeun Bait Rama urang, tina tambaga nu digosok ngagurilap. 17Raja ngecorkeun eta kabeh dina citakan taneuh liket di tanah datar Walungan Yordan antara Sukot jeung Zereda. 18Sulaeman nyieun sakabeh barang ieu kacida lobana, nepi ka beurat tambagana teu kaukur.
19Sulaeman nyieun sakabeh parabot pikeun Bait Rama urang: altar emas jeung meja-meja pikeun roti suguh. 20Ajug-ajug tina emas murni jeung lampu-lampuna, pikeun hurung di hareupeun kamar pangsucina sakumaha nu geus ditangtukeun; 21kembang-kembang emas, lampu-lampu, jeung sapit (ieu kabeh tina emas nu pangmurnina). 22Tina emas murni: pangeprot sumbu, bokor-bokor pamerican, piring-piring, padupaan, sarta lawang-lawang Bait—panto jero nu ka Kamar Pangsucina, jeung panto-panto rohangan utama.